Sabiwirhiji

Bisa Mupus Anggaran Kudu Bisa Ngadatangkeunana

 

 

DINA dongeng mah jalma sakti teh anu bisa nurus bumi, ngapak mega, ngapung ngawang-ngawang. Salian ti eta, anu kasebut sakti mandraguna totosan bojana kulit, urat kawat, balung wesi. Tara undur sasiku, anggang satapak, estu tandang makalangan dimedan joang. Lamun boga kasakten saperti kitu, pasti bakal dipikagimir ku sasama.

“Eta mah carita kasaktian di alam pawayangan, anu moal karandapan ku arurang anu hirupna di alam moderen. Kitu manawi, Mang!” ceuk Si Otong.

“Ceuk saha euweuh, alam kiwari ge aya jalma sakti. Jalma sakti alam kiwari mah leuwih unik, Tong,” ceuk Mang Suadma.

“Oh kitu? Kasaktianana sapertos kumaha, Mang?” tanya Si Otong.

“Anu disebut jalma saksi jaman kiwari sarua dipikaserab ku sasamana, ngan kasaktianana husus aya bidangna. Malahan nu jadi pingpinan ge ngarasa reuwas lamun eta jalma sakti teu diakomodir diperenahkeun jadi pejabat,” omong Mang Suadma.

“Saktina sapertos kumaha, Mang? Teu kenging ngawadul atuh ari nyarios teh sok diageung-ageungkeun,” tembal Si Otong.

“Bisi andika hayang nyaho, apananaya pagawe di lembur urang anu kasaktianana luar biasa, jalma pinter ge tepi ka colohok  ningalina,  komo keur nu bodo mah,” ceuk Mang Suadma.

“Conto, pagawe sapertos kumaha anu gaduh kasaktian samodel kitu teh?” tanya Si Otong, panasaran.

“Bisi andika hayang nyaho, jalma sakti di lembur urang nyaeta, aya pagawe anu bisa mupus anggaran ti pusat. Anu tadina eta anggaran direncakeun bakal turun ka lembur urang kaligane ngaleungit da aya nu mupusna. Tah kasaktiaan model kitu diantarana. Kayaning; bisa mupus anggaran anu sumberna ti tonggoh, najan  geus dicadongkeun tapi ku eta pagawe bejana bisa dicoret tepi ka teu turuna,” ceuk Mang Suadma.

“Gaduh kasaktian tiasa mupus anggaran tangtos bakal diperhetangkeun ku pingpinana oge atuh nya Mang?” tanya Si Otong.

“Atuh heueuh, nyaneh mah sugan kakara nyaho? Malahan ku bos oge pagawe sakti samodel kitu antukna diingu atuda bisi nanaha, tibatan matak mendet kauangan daerah mending dijeujeuhkeun jadi pejabat. Ari keur Mamang lain jalma sakti model kitu, tapi kaasupna deleka. Lamun hayang disebut sakti beneran, cik dibalik. Lain ukur bisa mupus, tapi kudu bisa ngayakeunana deui. Piraku ari mupus anggaran bisa lebah neanganana teu bisa, wawadukan. Tapi lamun bisa mupus kudu bisa ngayakeunana deui. Ari padu bisa mupus bae mah jenuk nu bisa, lebah ngabokerkeun anggaran ti pusat masih keneh ngagigeug sarua jeung hitut. Tukang koprek ge  bisaeun mupus anggaran mah, komo ayeuna kaayaan di lembur keur sakieu riceuwna ku anggaran, teu dibejaan ge jalma pusat geus arapaleun, eta kari mendet bae dumasar laporan ti lembur. Numatak ulah sok edeg, lamun hayang disebut jalma sakti mah anu bisa ngagolokgokeun anggaran ti puseur dayeuh, ti propinsi atawa ngagali beubeunangan daerah ti sektor sejenna demi kamakmuran sakumna rahayat. Eta karek disebut jalma sakti alam kiwari, lain  ukur anu bisa nyoret anggaran ti tonggoh, jah…anjogna mah kana uget keneh bae, dhoh…!” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Related Articles

Back to top button