Sabiwirhiji

Keur Ngalaksanakeun Prohram Kuningan Caang

 

 

DUMASAR kana itungan bulan asa kudu geus rengse sakabeh lembur baranang ku lampu penerangan anu kiwari keur dihangkeutkeun. Untung aya keneh waktu najan kurang leuwih ukur sabulan deui oge, lamun teu anggeus sakumaha waktu anu geus ditangtukeun jigana bakal keuna ku prikik (pelanggaran) upama dina bagbagan maen bola mah.

“Leres nya Mang. Eta prohram lembur caang upami teu rengse dina waktosna, komo upami gagal tiasa janten masalahageung. Malihan sanes ukur masalah kanu milampahna, namung janten temuan pamariksa keuangan nu aya di puser dayeuh (ibu kota) pon kitu pamariksa  tingkat regional (propinsi). Sangkan ulah janten mamala ka sarerea, langkung sae enggal rengsekeun, cat kitu, cat kieu teh, ceuk paribasana,” omong Si Otong, ngabalibitan.

“Kaula ge sarua sok kabayangkeun, lembur singkur nu jauh ti peuseur dayeuh, naha eta alat kaboro pikeun masangkeunana? Tapi kaula yakin ka kapala anu mingpin di eta SKPD jigana moal cicingeun. Sabab dihenteu-henteu ge pikeun ngabela harga diri lembaga nagara. Mamang yakin, pingpinan nu aya di eta SKPD ayeuna keur ngalaksanakeun prohram Kuningan Caang anu teu weleh diarep-arep ku balarea,” omong Mang Suadma.

“Mugi-mugi bae tiasa rengse dina waktosna, margi eta mah tos janten program ti pusatna  kedah rengse 100 persen, luyu sareng  waktos anu parantos ditangtoskkeun, teu kenging tiasa ditunda-tunda. Lebah dieu mah teu aya istilah tunda masang, komo upami kajantenan gagal masang mah,” omong Si Otong.

“Da heueuh ceuk aturan mah kitu, tapi naha kaboro dumeh  waktu sabulan deui, bari jeung lokasi anu rek dipasang tihang  jararauh deuih. Naha andika sanggup ngalaksanakeunana ukur aya waktu sabulan deui program lembur caang sakumaha anu dicatet dina prohram kerja?” tanya Mang Suadma.

“Manawi eta mah kersa teu kersa, kedah dilaksanakeun luyu sareng kapercatenan jabatan anu dipaparin ti pingpinan. Sok sanaos kitu pejabat anyar oge bakal ngerjakeun satekah polah sangkan program Kuningan caang rengse dina waktosna anu kantun sasasih deui,” tembal Si Otong.

“Kahade tong, ulah dikira najan pejabat anyar di eta lembaga tur gayana  kalem deuih, tapi dina milampah pagawean estu serius. Muga-muga bae hanca pagawean anu keur dihareupan ayeuna bisa rengse 100 persen. Cenah ayeuna ge hancana ngahontal   90 persen, atuh kari saeutik deui. Nu matak urang rojong eta prohram Kuningan Caang luyu jeung harepan sakumna warga. Mamang mah teu weleh ngadoakeun muga-muga enggoning ngalaksanakeun eta prohram  aya dina lungsur-langsar, lembur jadi caang baranang ti peuting,” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

Related Articles

Back to top button