Sabiwirhiji

Unggal Aya Mutasi Sok Kahieuman Bangkong

 

PADAHAL jenuk pagawe anu mibanda kopetensi pinunjul tur rada nyongcolang ti batur. Sakapeung sok aneh, mutasi nu tiheula saditueun ti aneh, ceuk jalma bodo, mana komo keur nu pinter. Atuda kumaha teu matak anehna geura, ceuk salasaurang pelaku seni, ibarat tukang rebab dititah ngagendang, pamaen saron ku nabeuh goong  jeung rea-rea deui kaanehan. Nu matak lamun aya kitu reujeung kieu teh ulah waka nyalahkeun sasaha, tapi kudu instrospeksi pedah naha kajadian samodel kitu?

“Antukna teu saeutik pagawe nu peunggas harepan malah ngarasa cangcaya kana eta aturan anu sakitu hade teh. Pangna kitu, atuda dina dawuhna aya promosi atawa mutasi asa kitu keneh kitu keneh, mudah-mudahan engke mah teu kitu, tukang gendang ulah dititah nabeuh gambang apanan dina dipaksakeunana oge matak recol. Tapi asa bener we najan eta kabijakan teu populer oge,” ceuk Mang Suadma.

“Asa piraku nya Mang pingpinan tertinggi  teu apal ka aparatna nyalira? Ngan anehna unggal aya mutasi, pagawe nu gawena sae sok kabunikeun bae. Teu ngartos abdi mah Mang? Buktosna unggal aya mutasi sareng  promosi pagawe anu damelna sapertos anu kabunikeun kelong,” walon Si Otong.

“Biasana  ari nu gawena  hademah tara teterejelan, rek ngomong heurin ku letah tur teu wasa rek wakca balaka teh. Biasana papawe anu bener, pinter, jujur, bageur jeung mah sok ngarumakeun diri, nu aya teh era jeung era bae, beda nau jeung saradak suruduk,” omong Mang Suadma.

“Leres nya Mang, alam kiwari mah anu lalincah tur paliter akal jeung ekolna, anu ting alabring ka pendopo jiga nu garampileun hoyong unggah jabatan teh,” walon Si Otong.

“Padahal numutkeun totoongan Mamang, ajan  ayana di jero leutak teu sakabeh kokotor, tapi bisa bae aya mutiara anu kabudinekeun anu jiga nu api-api teu nenjo,” jawab Mang Suadma.

“Benten deui sareng nu sadidintenna ngalandar,  parahi hayang kapeunteun ku dunungan, ujug-ujug  cle we meunang posisi jabatan anu merenah,” ceuk Si Otong.

“Nu matak kumaha nganilaina eta teh ulah sok tibalik liang wadukna, ari kanu ngararambang ngagelempeng  koneng di walungan dibaeu-baeu lebah mutiara terpendam diapilainkeun, aneh Ka mah…!” tembal Mang Suadma.

“Manawi panonna kapeureupeunan,  Mang?” tanya Si Otong.

“Disagedengeun kapeureupeunan teh, sok kabongbroy kunu ngarambang ngalampereng koneng alias waduk. Padahal di unggal SKPD  aya sawatara mutiara  anu tara kucah-kicih, ubrang-abring jeung saterusna tapi mibanda kopetensi. Malahan rereana nu taliarap, maranehnana mah pantang lamun kudu menta jabatan teh. Padahal nu kitu  kudu meunang pangjeujeuh ti petinggi teh. Ngan anehna unggal aya mutasi sok kabunikeun bae, alias kahieuman bangkong, ceuk paribasana.  Padahal eta pagawe sakitu hadena tapi tara kabawa mutasi nya pedah naha?” tanya Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

 

 

 

 

 

Related Articles

Back to top button