Sabiwirhiji

Rek Mutasi Ulah Rame, Saha Nu Ramena?

 

UNGGAL rek aya mutasi atawa promosi jabatan, samemehna atawa saenggeusna, teu weleh matak harengheng tur saheng ibarat cai panas dina seeng. Atuda kumaha teu kitu, budak angon ge arapaleun, endi anu sakuduna ditempatkeun dina hiji jabatan anu luyu jeung kompetensina, latarbelakang disiplin elmuna jeung sajabana. Da nembrak atuh, rayat teh teu pecak ieuh. Ngan nya kitu, kangaranan nu keur ngawasa kakuasaan atawa nu boga kapentingan, asa pangbenerna bae masing dina geprakna eta anu ditempatkeun dina hiji jabatan teu ngepas oge.

“Heueuh nya Tong, dina pidato mah jiga nu heueuh cenah,  mutasi atawa promosi teh  demi  penyegaran kalawan luyu jeung kabutuhan organisasi pamarentahan.Ngomong kitu soteh ukur tamba bau sungut, ceuk paribasana. Malah ceuk ti BKD ari  mutasi atawa rotasi jabatan  teh hasil pertimbangan anu mateng dumasar kana  kaputusan tim anu kudu dipertanggungjawabkeun (sangkan jalma percayaeun). Eta teh bener atawa enya nya Tong?” tanya Mang Suadma.

“Manawi kitu kirang langkungna Mang. Da unggal aya mutasi oge kalimah eta sok dikedalkeun bae, kanggo ngarerema balarea ambeh teu seueur  teuing nu nyarios sareng tataros kana urusan mutasi tea,” tembal Si Otong.

“Tapi aya pangagung, cenah eta oge, rek mutasi ulah sok rame (dina hatena mah kumaha ceuk uing bae atuh),  ulah sok rarame teuing, baruk teh,” ceuk Mang Suadma, niru omongan eta pangagung.

“Punten, Mang dupi anu sok raramena saha kitu?” tanya Si Otong, asa pikakaraeun baruk teh rek mutasi ulah sok rame.

“Nyaho teuing anu ngaramakeunana saha? Bisa hayang nyaho nu matak rame teh bongan waktuna dihaja tepi ka ngayayay. Mending mun tina ngagodog nu rek dimutasi atawa dipromosikeun hasilna teh  luyu jeung harepan para pihak, apanan rereana mah anu patojaiyah jeung kahayang rahayat,” ceuk Mang Suadma.

“Memang kedah ngartos bae atuh, apanan ieu teh taun politik, rupina sagalana dipulitisir demi kepentingan pulitik nu nyepeng kakawasaan,” jawab Si Otong.

“Heueuh masing ayeuna taun pulitik oge, da rayat mah teu seubeuh ku pulitik, tapi kabijakan eta pangagung karasa pisan ku balarea, hususna keur rayat leutik. Eta ngarana kabijakan pulitis dumasar kana kabijakan teknis anu bakal karasa ku sakumna rahayat nu aya di lembur. Jadi lebah dieu mah mun rek mutasi dicaram ulah sok rame, nya aranjeunna anu sok ngamimitian ramena betur mah kari nuturkeun. Baruk ulah rame, tapi samemeh pangumuman anu bakal nyangking kalungguhan geus dikondisikeun nu bakal meunangna. Nya kumaha teu matak ramena, tibatan samemeh diumumkeun saha nu bakal nyekel eta jabatan, balarea geus nyarahoeun. Mending sistim juksung (nunjuk langsung) bae ambeh teu jahat wedang (waragad/biaya). Da anu diarah teh lain tina hasil seleksi ieuh, atawa tina hasil Uji Kapalang Kagok, tapi anu pasti meunang mah tina hasil Uji Keur Kapentingan. Jah… anjogna mah kana pulitik-pulitik keneh, sugan eta ge, dhoh…!” omong Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

Related Articles

Back to top button