Sabiwirhiji

Calon Direktur Kudu Aya Harewosna, Bro…!

 

 

ANU pinter jenuk, pon kitu deui nu peunteuna alus ngabadeg, ngan  manusa anu bisa ngindung ka waktu, ngabapa ka jaman, arang langka nu bisa ngaluyukeun jeung eta kaayaan. Kahade najan urang pinter ulah rek ngaguruan, urang gancang ulah rek miheulaan, pon kitu  omongan urang seukeut tapi kahade ulah matak raheut komo kanu jadi pingpinan atawa bos.

“Numatak najan hasil UKK peunteuna alus oge teu bisa ngajamin bakal kapilih jadi direktur. Ulah lalawora, lain wadul,da lain eta anu dipeunteun mah…!” ceuk Mang Suadma.

“Geuning Mamang nyarios kitu, gagabah teuing, teu kenging saucap-ucapna bilih kapirengeun ku cakcak bodas,” walon Si Otong.

“Rek kadenge ku cakcak bodas atawa ku toke hideung, kaula mah taya urusan. Anu puguh mah urang kudu ngarojong kana prohram direktur nu engke, sugan  jeung sugan mawa kana kamajuan lembur hususna dina urusan pelayanan anu merlukeun kaahlian kalawan propesional. Atuh kadituna demi kamajuan eta parusahaan, lain keur kamajuan sorangan,” ceuk Mang Suadma.

“Atuh sae pisan, sadaya oge kahoyong mah calon direktur teh enggal kenging SK kalawan resmi kanggo tatahar sareng ngababakal deui sangkan eta pausahaan langkung reugeujeug tur aya dina kamajuan anu kawilang signipikan,” jawab Si Otong.

“Nya heueuh atuh, numatak dungakeun ku andika. Ulah nambahan harengheng situasi, eukeur mah kaayaanana kitu, katurug-keturug loba beja anu  teu pararuguh. Nya meureun nu ngurusna oge tambah menit. Nu matak kumaha carana sajeroning proses pilihan, prak geura wujudkeun situasi anu aman tur kondusip, ulah ngederkeun kanu rek milihna, da rayat ge boga tetenjoan, mana calon nu leuwih propesional luyu jeung bidangna,” walon Mang Suadma.

“Geuning Mamang sinanteneun cariosanana sapertos aya pesan sponsor tur bau-bau ngiring ka bandar?” tanya Si Otong, semu nyindir.

“Jeh…andika teh kumaha, ari kaula ngomong bener, baruk teh aya pesan sponsor, lamun uing nyarita nu rada teuas meueusan, ku andika sok dicaram, baruk teh oposisi. Naha ka andika ge aya nu ngaharewos kadua leutik, kaula mah curiga!” ceuk Mang Suadma.

“Sanes kitu, timana atuh Mang…abdi  mah tara ancrub kana urusan anu kinten-kinten abdi teu uninga. Mamang onaman, sok nyarios itu, nyarita ieu, ngomentaran pasualan nu sanes tea. Kalebet ngulas ngeunaan calon direktur pausahaan nu aya di lembur urang,” omong Si Otong panjang lebar.

“Ari kaula mah lain  lauk buruk milu mijah kawas batur, ngan ukur ngabejaan lamun boga kahayang jadi   direktur  pausahaan gampang pisan. Ceuk Mamang mah, lamun calon direktur hayang kapilih iwal ti kudu sapamadegan jeung yuser. Pangna rea direktur anu  ngagudiblag di tengah jalan balukar teu sareundeuk saigel alias  teu sapamadegan jeung nu bogana…! Simpel pisan sabenerna mah, mun hayang kapilih jadi  direktur kudu aya harewosna, Bro…!, terjemahkeun bae ku sorangan,” pungkas Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

 

 

 

 

Related Articles

Back to top button