Sabiwirhiji

Ti Jaman Walanda Tugas Guru Ngajar

 

RAS inget ka jaman harita, Mang Suadma keur budak mangsa sakola, adab murid ka guru kacida hormatna. Tugas guru lain ukur ngajar maca, nulis jeung ngitung (Calistung), tapi mibadang tanggungjawab anu kawilang jembar pikeun ngatik reujeung ngadidik sangkan murid cageur, bageur, bener, pinter tur singer. Nu matak murid jaman harita tara aya nu ngunghak ka guru, taat kalawan tuhu kanu jadi kolot, hormat kanu saluhureun, ngahargaan ka sahandapeun tur hade ka sasama anu sapantar. Hebat!

“Mamang mah inget keneh harita, pedah baju dikaluarkeun heug kanyahoan ku guru, harita keneh kudu dikajerokeun. Samemeh asup ka kelas, kudu baris heula bari jeung ngembrehkeun ramo. Lamun ramo kukuna paranjang tur harideung can diberesihan, pasti dikepret ku eta guru,” ceuk Mang Suadma.

“Muhun kitu saurna mah Mang. Eta didikan sae pisan. Malihan saur pun bapa (bapa Si Otong), guru harita sok dongkap ka rompok. Maksudna pikeun nalingakeun ka eta murid sok diajar atanapi henteuna,” walon Si Otong.

“Bener pisan Tong, bapa maneh pasti ngalaman. Padahal jaman harita,  guruna garalak. Lamun aya murid anu gogol (doni) ka kolotna pedah disintreuk atawa dikepret, tara diwaro ieuh ku kolotna. Malah eta murid anu maladukeun tarang teh malik dicarekan atawa tambah tampiling ku kolotna,” omong Mang Suadma.

“Alam ayeuna mah benten, Mang. Upami aya murid ukur disintreuk ku guru pedah bantongor bebejana digablog. Atuh puguh bapana emosi bari ngoncog ka sakola terus lapor kanu wajib pajar teh  milampah tindak kekerasan tur ngalanggar HAM,saurna teh” walon Si Otong.

“Mamang mah sok nineung ka guru babheula teh, estuning mibanda tanggungjawab moral pikeun kamajuan anak bangsa ka hareup. Atuda harita mah aya matapelajaran budi pekerti, nu matak barudakna saropan, balageur tur saroleh deuih enggoning hirup kumbuh sapopoe,” walon Mang Suadma.

“Waktos  harita aya pangajaran budi pekerti, kunaon ayeuna teu diteraskeun?” tanya Si Otong.

“Alam kiwari mah guru teh dibabandolan ku sarupaning aturan anu matak menit kana sirah. Kudu UKG (Uji Kasabaran Guru, eh Uji Kopetensi Guru), kredit poin, jam pelajaran 24 jam, lamun kurang jamna rea guru kotetengan neangan sakola keur nambahan kakurangan jam ngajar. Tacan persiapan program, ngudag target kurikulum,program guru pembelajaran, kudu rapat organisasi jeung rea-rea deui. Da ti jaman Walanda ge tugas guru mah ngajar, lain dibabandolan ku itu ku ieu. Buktina hasil atikan reujeung didikan guru baheula muridna sarukses,  palinter, balageur tur saroleh/solehah deuih,” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Related Articles

Back to top button