Sabiwirhiji

Program Caang Tibeurang Teu Kudu Dicaritakeun

 

JAMAN tai kotok dilebuan kayaan di pilemburan harita estuning poek mongkleng buta rajin. Hartina, waktu harita can kasasaban ku tehnolohi penerangan anu diwangun ku nagara. Anu kasebut jalma mewah lamun  imahna hayang  caraang jaman harita, iwal ti jalma beunghar anu di imahna nyeungeut lampu patromak. Da rereana  jaman baheula mah di imah teh nyeungeut cempor atawa delepak, anu  rada meueusanana nyeungeut lampu tempel alias lampu gamblok.

“Barudak alam kiwari mah moal arapaleun anu kasebut delepak, lantera, cempor, lampu gamblok jeung sabangsana. Malah lamun budak sakola keur ngapalkeun tipeuting bari tungkul maca buku, buukna sok karerab ku pucuk seuneu tina lampu semprong (lain kueh semprong). Kitu tah Tong, pangalaman Mamang baheula mah. Maneh ngalaman?” tanya Mang Suadma.

“Bujeng-bujeng Mang, mireng istilah delepak sareng cempor oge asa nembe kapireng ayeuna, margi abdi teu kungsi ngalaman sapertos Mamang harita,” jawab Si Otong.

“Heueuh da andika mah hirup di alam kiwari anu kaayaanana geus hurung ragumang tur baranang ku lampu listrik jeung neon,” jawab Mang Suadma.

“Atuh kantenan, abdi mah lahir di alam milenial, benten sareng Mamang sesa alam kolonial,” tembal Si Otong, nyisiwoan ka kolot.

“Sik sia ngece ka kolot. Ngan nya kitu, najan kiwari sawatara lokasi geus baranang ku neon anu enyoy-enyoyan, geuning di lembur anu salingkur sawatara desa anu jauh ka kota, rea keneh anu can kasasaban penerangan listrik. Da ari di kota geus karuhan teu kudu dicaritakeun, lebah urang lembur anu jauh ka perkotaan aya keneh anu tacan menikmati baranangna lampu neon atawa lampu anu ngempray tina listrik,” ceuk Mang Suadma.

“Mamang teu kedah hariwang, kahoyong rahayat  lemburna caang tangtos parantos diprogramkeun. Isuk jaganing geto lembur urang bakal caang baranang sakumaha kahoyonng Mamang,” jawab Si Otong.

“Waduk lah, ari ngomong jeung aing teh ulah sok dianggap tembok. Kaula ge ngadenge ayeua keur ngalaksanakeun prohram lembur caang, teuing caangna ti beurang duka tipeuting. Tapi kaula mah anu teu bodo-bodo acan prohram lembur caang ti beurang mah teu kudu dicaritakeun, komo bari jeung diuar-uar. Ari prohram lembur caang ti beurang kumaha ceuk srangenge (panon poe) bae, masing teu dibejakeun ge da pasti bakal kitu. Kadongdora lamun eta prohramna geus nyaangan lembur ti peuting sajagat gorombyangan, teu dibeja-bejakeun oge pasti bakal rea nu ngabewarakeun,” omong Mang Suadma.(Kang Emsul) 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Related Articles

Back to top button