Sabiwirhiji

Angka Kamiskinan Turun, Ka Saha?

CEUK salah saurang pangagung, baruk teh di daerah urang taya kenaikan angka kamiskinan, aya oge penurunan angka kamiskinan. Keur Mang Suadma mah, rek turun atawa rek naek taya pangaruhna, da buktina jenuk keneh jalma nu teu mampuh neruskeun sakola. Malahan lain ukur teu mampun nyakolakeun budak ka lembaga pendidikan kanu leuwih luhur. Dalah hayang balanja ka toko swalayan atawa ka super market teu nitih satengah taun sakali.Dhoh…sugan  mah.

Asa tibaheula ngadenge nu miskin diadurenyomkeun teh nya Tong. Kumaha pamaksudanana?” tanya Mang Suadma.

“Maksadna, ah moal diwartoskeun da bongan Mamang mah upami waleran abdi kirang ngepas sok teras bae emosi,” jawab Si Otong.

“Baruk teh emosi pedah naha? Adatna we pabentar paham mah itung-itung tukeur elmu panemu, jampe pamake, kitu lain?” Mang Suadma malik nanya.

“Nya leres kana kituna mah, mung hapunten upami dina gunem catur ieu teu sapagodos sareng pamadegan Mamang, ulah nyewot,” ceuk Si Otong.

“Di alam demokrasi mah adatna beda kamandang jeung pamadegan teh. Sabab lamun sairama, sarua jeung bebek nu keur baris digiringkeun ku budak angon,”omong Mang Suadma.

“Eta Mamang ari nyarios mani tandes-tandes teuing. Saena Mamang mah janten jalmi pulitik,” cek si Otong

“Kaula mah teu ngarti kana urusan pulitik teh, sabab ceuk tukang pulitik mah, dua kali dua lain opat, tapi kumaha kersana,” jawab Mang Suadma.

“Naon buktosna, tiasana Mamang nyarios kitu teh?” tanya Si Otong.

“Baruk di lembur urang teh nu miskin ngurangan, ongkoh lowongan gawe nambahan,  tapi kahirupan karasana seuseutna, aneh ka mah,” ceuk Mang Suadma.

“Naon hartosna eta teh Mang?” Si Otong malik nanya.

“Anjeun mah karek dibere pangajaran paribasa Sunda seuseut alahbatan neureuy keueus bae ngahuleng. Hartina hese beleke enggoning milampah kahirupan. Leuwih-leuwih jalma miskin, hayang kahirupanana rada ised karasa pisan eungapna. Padahal gawe mah kudu kumaha, belaan suku dijieun hulu, hulu dijieun suku. Indit lain wanci, datang lain mangsa pikeun nyiar pangupa jiwa tapi hasilna teu sabaraha. Komo nu teu boga pacabakan matuh, tangtu hirupna bakal leuwih ti ripuh anu ahirna nimbulkeun kamiskinan, najan ceuk pejabat angka kamiskinan diurang rutun,” ceuk Mang Suadma, panjang lebar.

“Mamang yakin yen angka kamiskinan di lembur urang turun?” tanya Si Otong

“Yakin pisan turun. Malah ceuk Wa Jono mah, kamiskinan di lembur urang kasebutna turun, nya turun ka saha? Sugan  turun ka anakna. Sasapaan teuing…!” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

 

 

 

 

 

 

 

Related Articles

Back to top button