Jaman Kiwari Aya Kolot Eleh Ku Anak
ABONG jaman ahir, baheula mah tara kacaturkeun aya anak nandasa kolotna tepi ka perlaya (maot) sakumaha anu kabejakeun dina tipi. Anak ka kolot kacida hormatna, lir kadia nanggeuy endog beureumna. Kilangbara mungpang atawa ngalawan kana papatahna, dalah anak nyarita ka kolot kacida ati-atina. Sabab lamun kolot urang geus raheut hatena bisi keuna supata. Upamana bae, kaluhur moal sirungan, ka handap moal jangkaran, ceuk paribasana. Malah dina dongeng mah akibat keuna supata kolot, eta budak bisa jadi batu, sakumaha anu dipedar dina carita Si Malinkundang tea.
“Numatak kahade Tong maneh ari ka kolot teh ulah sok mungpang kana parentahna, tapi kudu tuhu tur taat kana sagala papatahna salagi umajak dina jalan kahadean jeung kasalametan,” ceuk Mang Suadma.
“Atuh muhun Mang, abdi sok inggis ku bisi, rempan ku beja, seueur putra anu teu hormat kanu janten sepuhna, apanan di dunya keneh oge tos dipintonkeun. Hirupna eta anak sapertos nu katalangsara, teu tinemu sareng kabagjaan, margi sok ngamomorekeun kanu janten ibu ramana,” walon Si Otong.
“Tah… geuning maneh ngarti, peupeujeung urang mah kudu takdziman wa takriman (ngagungkeung jeung ngamulyakeun indung bapa),” ceuk Mang Suadma.
“Leres pisang Mang, abdi asa kaemutan, rumaos abdi ge sowaktos-waktos sok joledar ka sepuh teh, Mang. Malum ku kasibukan padamelan sadidinten, mugi sepuh abdi tiasa ngahapunten we nya Mang?” tembal Si Otong.
“Atuh heueuh, urang teh kudu boga rasa rumasa, bisana sakieun teh ku pangdoana kolot, indung jeung bapa,” ceuk mang Suadma.
“Muhun eta oge karaos pisan doa mimih (ibu) sareng bapa teh, abdi tiasa sapertos kieu teh estu pandoana tinu janten sepuh,” walon Si Otong.
“Sukur atuh ari maneh sok kumawula kanu jadi indung bapa mah. Apanan ceuk Kang Haji Rhoma Irama oge, lamun anjeun ngarasa sieun ku raja, kudu leuwih sieun ka indung/bapa. Pon kitu lamun anjeun nyaah ka kabogoh, kudu leuwih nyaah tur deudeuh kanu jadi kolot,”ceuk Mang Suadma.
“Nuhun pisan kana pepelingna Mang, abdi kedah langkung ngamulyakeun sepuh sakumaha anu kacaturkeun tipayun, hirup urang tiasa tinemu sareng kabagjaan,” jawab Si Otong.
“Ngan nya kitu Tong, aya keneh budak alam kiwari ka kolot teh wani sentak senghor jeung poporongos sagala. Deudeuh, pasakumahaeun teuing raheut hatena lamun kolot urang dihina basa kunu jadi anakna. Malum jaman kiwariaya kolot eleh ku anak! Teuing pangaruh naon, sugan kausap jurig budak teh. Atuda kumaha, lamun kahayang anak teu diturutkeun, teu sirikna rek dilegleg indung bapa teh, ceuk kasarna. Apanan ari indung teh anu kakandung, bapa anu ngawayuga. Lamun hirup hayang nanjung ulah munjung ka gunung, muja ka sagara, tapi geura nyugemakeun indung reujeung bapa. Numatak kolot mah kudu kudu diperedih doana sangkan hirup urang tinemu jeung babagjaan dunya rawuh aherat,” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)