Sabiwirhiji

Perusahaan Daerah Teu Maju-maju, Tanya Juragan Burjo

PAINGAN harayang jadi direktur pausahaan, atuda sakali gajihan per bulan bisa keur meuli prah-oto (kendaraan). Beda deui jeung pagawe biasa anu gedebug koseh, beubeunangan sabulan ukur cukup keur nyatu (dahar) wungkul. Nu matak teu aneh mun rea jalma parahi hayang jadi direktur teh da matak karasa gula asemna.

“Direktur naon anu pangasilanana sakali gajihan tiasa kanggo meser kendaraan teh, nya Mang?” tanya Si Otong, panasaran.

“Atuh direktur naon bae eta mah, cacakan nu aya di lembur oge pangasilanana bisa sagala kabual. Mana komo nu aya di tingkat regional jeung nasional, meureunan gedena tepi ka nga-ehem (saking badagna) teu bisa digambarkeun ku caritaan,” tembal Mang Suadma.

“Oh kitu, Mamang terang timana eta pangasilan direktur badag kacida?” Si Otong malik nanya.

“Eta teh karek tina gajih wungkul, tacan tina pangasilan sesemperan (meureunan), tambah ngunggul bae. Malah aya nu nyebutkeun hese miceunna duit teh, keur naon deui atuh da sagala geus kabeuli, kalah bingung ka mah, cenah. Beda jeung umumna pagawe biasa, miceunna babari ari beubeunanganana seret, untung teu ngising deles oge,” omong Mang Suadma.

“Ari Mamang sok ngabibita bae, mireng gajih direktur saur Mamang  tiasa kangge meser kendaraan tiap gajihan, bati nelegan ciduh wae kanggo ukuran abdi mah,” walon Si Otong.

“Numatak andika kudu boga kawani, mun aya kasempatan (lowongan) calon direktur milu daptar we atuh, nu penting puguh MoU-na,” tembal Mang Suadma.

“Tapi kunaon Mang, aya diantawisna (cenah) Perumda  di daerah batur salamina teu maju-maju. Malihan tos sabaraha kali gentos direktur, jeung teunimbang nanjung mah kalah beuki melesek,” tanya Si Otong, nguji Mang Suadma, pedah sok pipinteranan.

“Geuning nanyana ka kaula, atuh ka ahli ekonomi atawa kanu palinter luyu jeung bidangna. Kaula mah semet tukang koprek (ronda), nya naon kanyahona. Salah alamat atuh nanya ka tukang koprek mah, Tong!” jawab Mang Suadma, berkelit.

“Abdi mah ukur hoyong terang wae numutkeun sakaterang Mamang, kumaha carana sangkan eta pausahaan anu teu maju-maju sangkan tiasa masihan kontribusi kanggo kamajengan nagara,” tembal Si Otong.

“Lamun Mamang keukeuh kudu mere solusi, tapi andika ulah nyeri hate. Ceuk kaula anu teu bodo-bodo acan (saditueun ti bodo), eta Perumda anu teu maju-maju, geura tatanya ka juragan bubur kacang ijo (burjo). Di daerah wetan aya nu kaceluk Bos Burjo pagawena ngaratus, modalna ukur dongdangan jeung bahan baku kacang ijo. Tapi pangasilan pagawena lamun balik bada (Lebaran) sataun sakali bisa barangbeuli kaperluan sejenna, malah baroga imah sagala. Padahal eta juragan burjo teu meunang suntikan dana miliaran rupiah keur modal pausahaanana, tapi bisa hirup jeung ngahirupan pagawena anu jumlahna ngaratus. Lamun enya tea mah aya   perusahaan daerah teu maju-maju, teu bisa ngelehkeun tukang burjo, beunang disebut, Ter-La-Lu…!” omong Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

Related Articles

Back to top button