Sabiwirhiji

Karunyaan Keneh Jalma Leutik Ningali Sasamana Sangsara

 

 

BALUKAR reregaan arundak,  kabutuhan hirup pasti kabawa ararundak. Kaasup uyah jeung delan (tarasi) ge anu sapopoena dicocolan ku jalma leutik regana ngadadak kabawa undak. Komo lamun katurug katutuh ku naekna harga  minyak, pasti karasa pisan ngababukna kana sagala rupa aspek kahirupan, hususnya pikeun jalma leutik. Komo anu hirupna ukur ngandelkeun panitah jalma (buburuh), matak piwatireun. Kumaha teu kitu, atuh aya bae nu nitah meureunan bisa nyatu, lebah keur suwungna (taya rejekina) meureunan ukur nelegan ciduh. Deudeuh teuing dulur kuring…!

Related Articles

“Biasana lamun hahargaan nerekel sok sawan kuya, gampang naek, harese turun. Tangtu jenuk pangusaha anu ngangluh, komo keur jalma leutik mah teu sirikna ngajerit maratan langit, ngoceak maratan jagat. Bisa jadi ku arundakna eta harga kabutuhan poko bakal nimbulkeun kamiskinan nu leuwih ekstrim. Rek dikumahakeun ari geus kieu, nya Tong?” tanya Mang Suadma.

“Sobar… sobar …Mang, da sanes nyalira. Sanaos urang bade udag-udug ka saha margi da atos  kieu kabuktosanana. Manawi kedah ditampi bae Mang,” walon Si Otong.

“Sabar-sabar kumaha, sugan ari wadah boled (beuteung) atawa peujit murilit can kasasaban dahareun bisa dibebenjokeun. Andika kitu soteh, boga arep-arepeun keneh gajih bulanan, tacan tina sesemperanana anu gedena saditueun tigajih, nya meureun masing rek sibeungeut ku limun oge bisa,” tempas Mang Suadma.

“Apanan eta oge atos diusulkeun ka nu dilaluhur sangkan harga kabutuhan poko tiasa dikadalikeun tur kabual ku sakumna rahayat. Kitu manawi, Mang!” walon Si Otong.

“Ulah sok ngabebenjokeun jalma, naon bae alesanana, anu puguh mah teu karasa ku batur, kanyeri jeung kapeurih hirup iwal ti kunu ngarandapanana. Buktina masing jenuk nu ngusulkeun lain ge turun reregaan teh, kalah ka tambah maceuh.Geuraheun eta para pangagung ngadeleh rea nu katalangsara  euweuh we boga rasa deudeuh jeung kasedih ka jalma teh,” ceuk Mang Suadma.

“Leres oge nya Mang, upami leres kitu asa kacida,” ceuk Si Otong.

“Nya heueuh atuh, karunyaan keneh jalma leutik lamun aya sasamanaanu hirupna katalangsara. Belaan silih berean da ngarasakeun ka awak sorangan lamun keur sangsara euweuh nu nulungan teh. Buktina anu ngusulkeun itu ngusulkeun ieu sangkan hahargaan turun apanan rereana jalma leutik, lain nu jaregud ieuh. Nu matak karunyaan keneh jalma leutik tibatan anu kasebutna pangagung papayung agung anu gawena diugung-ugung, tapi angger dengdek lamun ningali rayat leutik patingkoceak balukar rega ararundak teh. Endi atuh…ngahuntu bae, jah…!” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

Related Articles

Back to top button