Sabiwirhiji

Aya Keneh Kadis Embung Narima Telepon?

 

 

SUGAN nyangking kalungguhan teh rek salilana, ulah boga anggeuhan pedah ngarasa kapake kubos, sasat geus teu butuh batur hirup, komo kanu sahandapeun mah. Buktina, ari titelepon kunu euweuh deleheunana  teu diangkat, WA atawa SMS teu dijawab, geuningan aya keneh  manusa nu model kitu. Teu inget ka hareup bakal kumaha, apanan jalma bageur oge ari geus pangsiun tur taya sihungan mah  teu dipihormat cara keur nyekel kalungguhan, da lebah geus pangsiun mah, jah… naon atuh  Bro…!Numatak ulah sok edeg.

Related Articles

“Aya kituna nya Tong di lembur urang pejabat nu model kitu? kumaha rarasaanana, abong kena keur nyekel kalungguhan, geus teu hayang we narima telepon tulangteh (teu matak ngungtungkeun sacara materi),” ceuk Mang Suadma.

“Teu kedah aneh atuh Mang, manawi urang kedah ngamalum. Bilih nuju sibuk kupadamelan atanapi seueur masalah anu nuju dipayunan, atanpi bilih ngarasa karewong, kitu manawi Mang?” tanya Si Otong.

“Cik atuh ulah kitu, sugan eta jalma lamun paeh, naha rek ngubur sorangan?Meureunan angger merlukeun tanaga batur anu tara-tara acan ditanya atawa anu diapilainkeun ku manehna. Geuningan lebah geus jadi bangke mah angger we nu tara ditanya-tanya acan nu nyieun logak kuburan teh. Kudu inget tepi kadinya ari jadi jalma teh, cik Tong!” omong Mang Suadma.

“Maksadna Mamang teh kumaha, sapertos aya nu ngaganjel dina manah,” tembal Si Otong.

“Lain ukur matak ngajanjel dina gegembung, da maneh ge meureun sarua lamun teu dipirosea ku jalma teh,  ngan urang mah sok ngarerema sorangan. Cokot hikmahna bae, mana kitu ge manehna meureun keur loba kapusing jeung kariweuh, aamiin…!” ceuk Mang Suadma ngahaminan ka eta jalma bedegong teh.

“Kunaon geuning Mamang nga-aminan? tanya Si Otong.

“Da manusa model  kitu mah kuduna diaminan, lantaran kahayangna, nyebut riweuh, nyebut keder jeung sajabana. Padahal ukur kumuplaseu embung kaciwit, sangheuk karewong, embung kaganggu jeung sabangsana. Jah… eta mah jurus,” tembal Mang Suadma

“Kahade Tong, andika kudu inget, aya diantarana pejabat arikeurjeneng mah jiga nu heueuhmere pangladen ka rayat, padahalbuktinarekdipanggihanku rayat ge ngahesekeun. Buktina, SMS/WA teu dijawab, ditelepon teu diangkat, naon maksudna jeung susahna pikeun ngajawab. Jalma model kitu teu umum jeung batur. Ayeuna rea nu nelepon soteh pedah wae keur dipercaya nyangking jabatan atawa golongan eselon dua. Da geus teu jadi naon-naon mah, rek naha neleponan ka manehna. Boro-boro hayang komunikasi jeung model kitu, untung keneh mun aya laleur jarian daek euntreup oge. Komo kanu bedegong, kaula mah wanitoh-tohan, mun geus pangsiunna manusa model kitu, moal dideleh ku mata sabeulah, ceuk cohagna. Nya aya keneh pejabat/Kadis embung narima telepon atawa ngabales SMS/WA?”Ter-la-lu…!”, omong Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

 

 

 

 

 

 

 

Related Articles

Back to top button