Sabiwirhiji

Sibuk Ku Kahirupan,  Anak Kabangbalerkeun

 

 

KANYAAH kolot ka anak moal aya watesna. Saking belana kanu jadi anak demi nyumponan kabutuh hirup tepi ka tisuksuk tidungdung, hulu dijieun suku, suku dijieun hulu, ceuk parisabasana. Eta mah rek kolotna anu beunghar, atawa miskin, pejabat atawarayat,  dina nyiar urusan dunya mah sarua bae sibukna. Malah dibarung kumenit sagala, kalan-kalan saditueun ti menit.

“Sepuh kapungkur mah, saurna, samemeh nyaram atanapi miwarang kana kasaean ka para putrana, anjeunna parantos milampah kasaean langkung tipayun. Leres eta teh nya Mang?” tanya Si Otong, ngabalibitan.

“Nya heueuh atuh, sugan kolot di jaman now, atuda rek gurah-geureuh  ka anak teh dalah dadawukna oge  anu diucapkeun jeung paripolahna teu luyu jeung kanyataanana. Antukna parentah kolat anak jadi campah (taya pangaruhna),”  jawab Mang Suadma.

“Campah lebah manana Mang?” tanya Si Otong.

“Piraku andika teu apal, ongkoh nyaram maen HP, tapi gogobrogna (soranganana), belaan poho ka anak pamajikan, ti isuk jedur tepi ka sora jeder, kalahka  cetingan bae nu teu paruguh. Mending mun cetingan teh hal-hal penting, apanan rereana anu matak ngabongkorkeun  pagawean tur taya hasilna deuih,” jawab Mang Suadma.

“Piraku, aya sepuh model kitu?  Upami leres, rada hariwang oge nya Mang?” Si Otong malik nanya.

“Mamang mah lain hariwang-hariwang deui, eta mah beh ditueun ti hariwang. Inggis bok bisi isuk barudak tonggoy bae kana HP teu malire kana gawe,” jawab Mang Suadma.

“Atuda ayeuna mah jamanna tos benten Mang. Margi waktosMamang nuju anom apanan teu acan aya tipi, tetepon, hape sareng alat komunikasi sanesna. Ulah ngalepatkeun teknologi,” jawab Si Otong.

“Kaula mah teu apal dina urusan tehnolohi. Komo bari jeung teu becus ngagolangkeunana oge. Ngan kumaha carana sangkan eta tehnolohi mere mangpaat katut maslahat kanu ngagolangkeunana. Lain urang dijajah ku tehnolohi,” jawab Mang Suadma.

“Manawi sanes pangaruh teknologi-teknologi teuing Mang, namung seueur sepuh nu apilain ka para putra-putrina!” jawab Si Otong.

“Kaula ge teu ngarti,  ayeuna ngabadeg kolot nu apilain (mangsabo) kabudakna lantaran sibuk ku neangan kahirupan, antukna anak kabangbalerkeun. Masing sagala kabutuhna dicumponan oge ari teu meuneng jeujeuhan ti kolotna sarua jeung hitut. Naon hartina sagalana kacumponan ari agamana, ibadahna, pendidikan karakterna jeung sajabana diantep karep kumaha brehna. Pasti eta budak moal reugeujeug hirupna lantaran atah warah tea!” ceuk Mang Suadma. Kang Emsul)

 

Related Articles

Back to top button