Sabiwirhiji

Pagawe Kudu Netral Tapi Ngabantuan Pupulitikan

 

 

SAJERONING taun pulitik sakumna pagawe teu weleh diwanti-wanti ulah maen pupulitikan najan alesanana ukur balas budi. Teu kaci ari pagawe mah, peupeujeuh bisi numbuk diapes bisa keuna ku tendangan pinalti. Komo bari jeung nyiapkeun parawanten sagala mah, lebah kanyahoan ku nu berwenang bisa dikeunakeun sangsi. Rek naha atuh barina ge make luak-liueuk sagala, gawe bae nu puguh saha dunungan urang ayeuna, eta anu kudu dipitumut enggoning milampah prohram pagawean.

“Naha nya Tong, sora pagawe pada monto bae, pedah naon? tanya Mang Suadma.

“Margi ari pagawe mah gaduh gerbong, malihan aya hiji SKPD anu gerbongna seueur pisan tur jiwana ngarewu deuih. Eta mah kantun ngamalirkeun (nyalurkeun) we sora kanggo kapentingan pilihan teh,” walon Si Otong.

“Oh… paingan pada marebutkeun, manahoreng aya sawatara unit kerja   anu bisa dijadikeun andelan, sok komo lamun samemehna aya komitmen atawa adu renyom jeung pihak tertentu,” jawab Mang Suadma.

“Atuh muhun Mamang teh. Pangna pagawe, hususna pejabat kedah netral oge, gaduh sesuatu anu dina waktosna tiasa dipurak. Komo anu menta dukunganana anu kungsi nulungan urang, tangtos eta jalmi ngaraos kebeungbeuratan anu ahirna kedah mulang tarima atuh  carana kumaha bae, kitu manawi, Mang,” tembal Si Otong.

“Baruk aturanana ari pagawe mah kudu netral nya Tong?” tanya Mang Suadma.

“Sumuhan ti kapungkur ge kedah netral dumasar kana aturan mah, namun rada sesah upami kedah netral 100 persen mah. Atuh aya pagawe rada cueut ka salah sahiji calon mah manawi jamak we atuh, Mang,” walon Si Otong.

“Lamun enya aya pagawe anu teu netral, kumaha akibatna?” Mang Suadma, malik nanya.

“Bahya (saditueun bahaya) atuh Mang, tiasa dipecat!” ceuk Si Otong.

“Asa piraku dipecat mah sugan, naha geus aya PNS gara-gara teu netral ujug-ujug dipecat tina pagawe nagrina atawa jabatanana? Asa can ngawenehankeun, Ka mah,” tembal Mang Suadma.

“Atuda moal aya pejabat anu ngahagal-hagal ngiringan  kampanye mah, tangtos cara katut gayana moal katawis ku jalmi awam. Carana kumaha we nu penting aya larna,” walon Si Otong.

“Oh aing ngarti, pejabat mah leuwih ti pinter pikeun ngegulkeun anu dijagokeunana. Atuh carana aya nu ngondisikeun dina widang kauangan, huruwas-harewos bari jeung mahanan keur meuli kaos, nyayagian pasilitas, jeung rea-rea deui anu moal kadeteksi  ku jalma atah dina urusan pulitik mah,” ceuk Mang Suadma.

“Oh… kitu, abdi nembe uninga,” walon Si Otong, pura-pura.

“Waduklah, apanan nyaneh anu  sok mantuanana oge, komo mun petahana atawa mantan dunungan anu milu makalanganana. Aing teu ngarti, ongkoh pagawe teh kudu netral tapi bisa keneh mantuan dina urusan pupulitikan? Lain ge netral eta mah! Numatak, sakali mah upama aya pagawe teu netral kudu dipecat ambeh aya epek jera,” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

 

 

Related Articles

Back to top button