Sabiwirhiji

Ngudag-Ngudag Jabatan Belaan Bedol Desa

 

 

BARUK teh neangan gawe alam kiwari nya hese beleke. Beda jeung bareto, kaluaran sakola rendah ge bisa jadi pagawe naon bae, asal daek. Malah kolot baheula, lamun anakna rek gawe nu rada anggang ti imah, sok diceungceurikan. Pajar teh lamun nyaneh rek gawe ka daerah sabrang (luar pulo)   heug bae, asal indung bapa geus euweuh di alam dunya. Aya kituna, kolot baheula mah nya Ka?

“Tah kitu Tong, kolot baheula mah saking nyaah-nyaahna ka anak, belaan anakna rek incah jauh nyiar kahirupan di sabaparan (perantauan) rereana tara diijinan ku kolot teh. Beda deui jeung alam ayeuna, lamun aya peluang gawe dimana bae teu weleh dipencug (dijugjug) demi ngarobah nasib jeung kahirupan nu leuwih jembar. Tah kitu, lalakon nyair gawe baheula jeung ayeuna bedana kacida pisan, cek Tong!” omong Mang Suadma.

“Leres nya Mang, kapungkur mah sanaos ngilari padamelan gampil, namung seueur nu teu dipaju. Margi emutan jalmi harita teu mekar sapertos barudak alam kiwari. Ngan nya kitu Mang, ari ayeuna jalmi tos malotekar tur calerdas, lebah ngilari padamelanana anu sesah teh,” jawab Si Otong.

“Geus kitu tea bae, hirup dina jaman kamajuan. Beheula gampang nyiar gawe, kolot  teu ngijinan. Baruk teh mending cicing di lembur, bengkung ngariung, bongkok ngaronyok, ceuk paribasa Sundana. Ceuk basa jawa tea mah, mangan ora mangan asal ngumpul.Pamadegan semodel kitu  lamun dilarapkeun alam ayeuna asa kurang petuk (pas),” omong Mang Suadma.

“Namung nya kitu Mang, ayeuna karaos ku abdi, naos jalmina palinter namung semet hoyong janten katua RT sumawon pamingping RW sesah oge, Mang. Kedah kumaha atuh ieu abdi?” tanya Si Otong, menta bongbolong ka Mang Suadma.

“Sabenerna andika hayang jadi naon, neangan jabatan nu model kumaha, nyebut harese tepi ka tipoporose teh? tanya Mang Suadma.

“Punten Mang, ieu mah rahasiah, pomi ulah diwartoskeun deui kanu sanes. Malihan bulu tuur ge teu kedah diwartosan, ukur Mamang anu anu uninga kana kahoyong abdi,” ceuk Si Otong.

“Heueuh andikana hayang nyangking kalungguhan (jabatan)  naon? kagila-gila teuing kawas nu salah rampa sakieu keur usum werit ku duit teh,” tembal Mang Suadma.

“Saleresna abdi teh hoyong nyangking jabatan sekretaris lembur, margi kanggo janten pejabat RT sareng RW mah tos parinuh, bade ngilari di luar daerah bae,” walon Si Otong.

“Oh…eta anu dipikahayang ku anjeun belaan tisuksuk tidungdung, hulu dijieun suku, suku dijieun hulu teh? Apanan jabatan sekretaris di lembur urang geus aya, piraku kudu nginditkeun sekretaris anu keur jeneng?Aya kituna ngudag-ngudag jabatan tepi ka ngalantrah ka daerah sejen, Mamang ge kungsi ngadenge beja, cenah aya nu hasil jadi pejabat milu daptar di luar daerah. Jigana lamun pagawe nu aya di lembur harayang jaradi pejabat luhur, bisa jadi kudu bedol desa atawa bedol kabupaten salagi meunang ijin tipingpinan. Jah…ari  ukur ngudag-ngudak jabatan ukurpikeun memperkaya diri sorangan mah, mending jadi tukang koprek, leuwih terhormat. Tapi sing saha jalmana nu bisa nyetabilkeun situasi di lembur kiwari keur samporet ku duit, eta mah pasti bakal meunang penghargaan tertinggi. (Kang Emsul)

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Related Articles

Back to top button