Sabiwirhiji

Pejabat Kreatip Tur Inopatip Geura Diturutan

 

 

AYEUNA  mah jaman milenial, beda deui jeung jaman kolonial. Nu matak urang kudu ngindung ka waktu, ngabapa ka jaman, ngandung harti kudu bisa ngigelan paneka jaman dina sagala aspek kehirupan. Eta mah bisa dipilampah ku saha bae, naha  ku indipidu, kelompok, sumawona ku pagawe anu sapopoena aya dilingkungan birokrasi pikeun  mere pangladen kalawan prima ka sakumna rahayat nu aya di ieu lembur.

“Kahade Tong, anjeun sapopoena icikibung di kalangan pamarentahan kudu bisa mere pangladen ka masarakat kalawan nyugemakeun. Ulah nganggap bodo ari ka rayat teh, ayeuna mah jaman milenial, pamadegan rayat kalan-kalan leuwih pinter ti pejabat,” ceuk Mang Suadma.

“Leres pisan Mang, margi ku perkembangan jaman katut  teknolohi  seueur pangaruhna kana pola pikir masarakat. Saena kedah kumaha abdi kanggo ngayonan kahoyong masarakat anu kawilang komplek?” tanya  Si Otong.

“Tah … lebah dieu urang salaku aparatur diperedih pikeun ngalaksanakeun kabijakan anu bisa ditarima ku sabagian gede masarakat,” ceuk Mang Suadma.

“Abdi mah hoyong teh eta kabijakan tiasa ditarima ku sakumna rahayat nu aya di lembur urang, Mang!” jawab Si Otong.

“Andika ulah ngimpi, moal aya hiji kabijakan anu 100 persen bisa ditarima ku segemblengna rahayat. Tapi kumaha carana eta kabijakan bisa ditarima ku sabagian gede komponen masarakat nu aya di lembur urang,” jawab Mang Suadma.

“Oh… kitu nya Mang?” tanya Si Otong, singget.

“Atuh heueuh, ulah sok ngugar-ngagir yen hiji kabijakan enggoning ngurus lembur, ngolah desa, bisa nyugemakeun ka sakumna warga. Moal heueuh, cek pikir mah asa bener, apanan sok aya we anu mungpang kana konsep anu geus diguratkeun. Adatna eta mah, da hasil pamikiran manusa moal aya nu sampurna,” omong Mang Suadma.

“Leres nya Mang, jalmi dina alam kiwari pamadenganana langkung hetorogen. Manawi urang kedah langkung bijaksana enggoning ngadugikeun pamadegan,” tembal Si Otong.

“Nu matak Mamang teu weleh ngaapresiasi ka pejabat anu mibanda kreatipitas, inopatip tur pisioner. Sabab pejabat anu ideal di jaman milenial mah kudu wani tandang dina jona tangtangan, lain ngarasa aman hirup dijona nyaman. Pikeun ngajawab tantangan tur luyu jeung harepan masarakat iwal ti  ku pejabat anu mibanda kajembaran elmu kalawan aplikatip, oge prohramna kadeuleu,  karampa tur karasa ku balarea. Tah pejabat nu model  kitu diperlukeun pisan danget-danget ieu pikeun ngajawab tangtangan jaman nu berkembang di masarakat alam kiwari. Kahade Tong, lamun pingpinan urang mibanda jiwa kreatip, inopatip tur pisioner geura diturutan, hususna ku bawahanana pon kitu ku pejebat eselon sejenna. Lain dimusuhan atawa dihewaan, nya  pedah naha? Atuh urang teh itung-itung mulungan elmuna, apanan aya kasebutna ari pangaweruh teh datangna lain tina bincurang, tapi ti pada arurang. Nya kitu kabisa jeung pangarti, entong boroning datangna ti dunungan anu boga konsep jelas, dalah anu kaluarna tina bujur hayam oge ari anu katampana endog mah kudu ditarima, kitu Bro…!” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

 

Related Articles

Back to top button