Sabiwirhiji

Sakola Jeung Kulawarga Ulah Silih Teumbleuhkeun

 

BARETO mah tara kacaturkeun aya budak ngalawan ka guru, komo bari jeung nandasa sacara pisik, tacan kadenge. Malahan lamun aya murid anu gogol ka kolotna pedah disintreuk ku guru alatan eta murid  bantongor, da tara digugu ieuh ku kolotna oge. Malahan lain dipangmilukeun, tapi meunang panyarek ti kolotna, leuwih ti kitu tambah dikaplok ku bapana oge. Padahal harita mah tingkat intelektual tenaga pendidikan jeung rahayat pada umumna kawilang rendah.

“Jaman Mamang sakola harita, murid teh bener-bener tuhu ka guru, taat kanu jadi kolot. Tapi ayeuna, anu katelah jaman moderen, kabehanana geus palalinter, aya keneh murid nu teu hormat, anak ngalawan ka kolot,  jeung papada kanca teu kaopan, gampang  emosi jeung sajabana anu matak ngabalukarkeun balai,” ceuk Mang Suadma.

“Rupina pangaruh jaman, Mang. Malihan dampak tina alat teknologi komunikasi sapertos HP oge ageung pangaruhna kana kahirupan para siswa. Duka abdi ge heran, kunaon tiasa kitu?” tanya Si Otong.

“Numatak kaula ge bingung, da baheula mah tatakrama murid ka guru teh kacida hormat tur pinuh ku sopan santun. Apanan aya dina paribasa, guru ratu wong ngatua karo. Ngandung harti ari  guru teh ibarat kolot ka dua alias gaganti indung bapa nu aya di sakola. Numatak budak baheula mah ka kanu jadi guru teh kacida hormatna, jajauheun kana ngalawan teh,” ceuk Mang Suadma.

“Naon bentenna jaman kapungkur sareng ayeuna. Apanan konsep pendidikan mah manawi sami nu kapungkur sareng alam kiwari oge. Atuda bilih  kapungkur mah teu acan aya pangaruh budaya deungeun. Sapertos pintonan dina layar kaca, pangaruh pilem atanapi tayangan anu henteu ngadidik. Komo upami ngagugulukeun Medsos mah anu teu acan leres henteuna apanan eta teh mangrupi kendala kanggo ngatik sareng ngadidik putra, manawi Mang,”  tembal Si Otong.

“Tapi kahade ulah nyalahkeun guru, Tong. Memang ngatik reujeung ngadidik teh kawajiban guru, tapi nu leuwih wajib tur utamana indung bapana,” tembal Mang Suadna.

“Apanan tiasana kolot masrahkeun budak ka guru/sakola oge sangkan kenging atikan reujeung didikan anu hade, da kolot mah sakitu buktosna Mang,” ceuk Si Otong.

“Eehh maneh mah lalawora ari nyarita teh. Pikir ku silaing, guru ngajar siswa ukur 8 (dalapan) jam, nu panglilana budak aya di imah nu matak indung bapana anu boga  tanggungjawab gede keur ngawuruk, ngawarah, mere atikan reujeung didikan ka barudakna. Ulah sok silih teumbleuhkeun, pamali. Apanan cek dina katerangan oge, mertelakeun, prak geura jaga kulawarga anjeun tina siksa api naraka! Hartina indung bapa sajeroning rumah tangga wajib mere atikan reujeung didikan agama nu leuwih jembar pikeun kasalametan sarta kabagjaan  kulawargana luyu jeung parentah agama katut dirigama. Lain silih teumbleuhkeun, ceuk kulawarga tanggung jawab sakola, ceuk sakola tanggung jawab kulawarga, ceuk kulawarga katut sakola pangaruh lingkungan. Antukna lingkungan oge teu rumasa disalahkeun, padahal pendidikan mah tanggung jawab sarerea,” omong Mang Suadma. (Kang Emsul)

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Related Articles

Back to top button