Sabiwirhiji

Dina Geprakna Mutasi Teu Rame Teu Naha

NU matak ari nyarita teh ulah sok sangeunahna, baruk unggal rek aya mutasi ulah sok rame, kitu cenah. Rame pedah naha, sugan rek raramean, asa kacida eta pernyataan teh. Batur hayang lungsur langsar, ulah aya halangan harungan naon-naon, ari ieu baruk teh ulah rame. Pertanyaan, nya saha nu ngaramekeunana, Bro?

“Rame nya Tong?” tanya Mang Suadma, singget.

“Rame naonna Mang, ujug-ujug nyarita rame teu puguh, sugan nuju anggap-anggapan?” Si Otong malik nanya.

“Pedah we aya nu nyebutkeun, rek mutasi ulah sok rame, cenah,” omong Mang Suadma.

“Ari rayat mah kumaha ceuk pangangung, nu ngawayangkeunana. Lamun rek diramekeun nya rame meureunan, sabalikna, rek ditiiskeun nya meureun tiiseun. Jalma leutik mah kumaha nu ngigelkeunana,” walon Mang Suadma.

“Rupina kitu Mang, da unggal bade aya mutasi situasi sok teu sakara-kara jadi harengheng. Antuka sareng papada kanca saling curiga, padahal anu tadina teu naha-naha. Hawatos abdi mah tina urusan sapele kunaon sok diageung-ageungkeun, abdi mah teu ngartos, Mang,” ceuk Si Otong.

“Andika oge jalma ngarti hemeng nya, unggal rek aya mutasi sok dijieun rame, nya saha atuh anu ngamimitianatawa anu bibit buit nyieun eta karamean teh,” ceuk Mang Suadma.

“Numawi ari cariosan pangagung teh ulah sok sacarios-cariosna, margi sok aya matakna. Numawi upami bade ngaluarkeun pernyataan teh kedah diutahkeun sareng dibeuweung. Ulah  saucap-ucapna bilih eta cariosan  ngabadi ka diri sorangan. Punten, Mang dupi anu sok ngaramekeunana saha kitu?” tanya Si Otong.

“Nyaho teuing anu ngaramakeunana mah saha? Biasana anu matak rame teh aya sababaraha paktor. Diantarana waktu anu diulur-ulur alias ngayayay. Nu matak teu ngabibisani anu ahirna ngahudang kapanasaranan balarea, antukna atuh der bae jadi rame,” ceuk Mang  Suadma.

“Leres nya Mang anu tadina rehe atawa simpe oge ari hayuh waktu mutasi diganggayong mah teu weleh ngahudang panasaran balarea. Malah di daerah sejen mah, aya nu saditueun ti aneh, samemeh mutasi rea jalma anu nyaho pitempateun eta pejabat. Ari kitu mah lain rahasiah deui,  malah digadang-gadang kudu ka dinya. Muga-muga di daerah urang mah henteu kitu atuh bisi aya sasaruanana piraku atuh bohong. Masing ayeuna taun pulitik oge, da rayat mah teu butuh  ku pulitik, tapi kabijakan eta pangagung karasa pisan ku balarea, hususna keur rayat leutik.

Atuda kumaha teu matak ramena geura, samemeh calon  pangagung diumumkeun, tapi balarea geus nyarahoeun yen Si Anu bakal ka dinya. Ongkoh kudu ngaliwatan proses Uji Keur Kapentingan (UKK), upamana. Nya meureun matak harengheng tur gandeng kawas cai saheng dina seeng. Numatak ulah waka nyalahkeun saha-saha da anu ngabalukarkeun gandeng jeung rame teh  tinu berkepentingan keneh, Bro…!”, ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

api aya pangagung, cenah eta oge, rekmutasi ulah sok rame (dina hatena mah kumaha cek uing bae atuh),  ulah sok rarame teuing, baruk teh,” cek Mang Suadma, niru omongan eta pangagung.

 

 

 

Related Articles

Back to top button