Sabiwirhiji

Hayang Jadi Pejabat Teu Kudu Peunteun 9

 

 

CENAH jeung baruk, baheula mah lamun hayang kapake ku dunungan kudu mibanda kapinteran reujeung kaparigelan anu bakal jadi bahan penilaian pingpinan katut masarakat. Saupamana nyumponan kana eta pasaratan, pasti bakal deet milikna tur unggah darajatna. Numatak jaman harita mah anu diudag teh prestasi gawe da anu memble mah teu ditoel-toel acan ku atasan teh. Atuda naon uruh-uruh araheunana, ceuk kasarna.

“Tapi jaman kiwari mah teu kitu nya Tong, justru nu gawena hade kacida hese belekena rek meunang kalungguhan teh. Teuing rumus naon anu dipakena, duka rumus saka, naha make rumus sakacamprungna atawa  rumus sabulangbentor. Matak menit, malah saditueun ti menit ngabandunganana, Ka mah…!” ceuk Mang Suadma.

“Mamang nuju ngemutan naon dugi kacandak rieut jangar sagala, pejabat sanes, pagawe sanes, tenang bae atuh Mang,” jawab Si Otong.

“Lain ngemutan sasaha, mikiran andika kaula mah. Ongkoh ceuk balarea anjeun teh kinerjana hade, dipikaresep kusasama tur dimana ditempatkeun pasti lancar gawena. Tapi kunaon ukur hayang kabawa rotasi, jiga laliat kitu?” tanya Mang Suadma.

“Manawi jamana tos benten Mang, ulah disamikeun sareng jaman kapungkur anu damelna hade kengingi pris (penghargaan) ti dunungan. Justru ayeuna mah alam tos tibalik, anu kinerjana sae jiga anu dijual teu laku, sanes tibalik eta teh Mang?” Si Otong malik nanya.

“Geuning andika cerdas, eta omongan teh deukeut-deukeut kana bener.  Numatak ulah kapalang Tongh,” omong Mang Suadma.

“Ulah kapameng kumaha Mang, abdi mah teu ngartos. Da abdi mah ti kapungkur oge damel mah normatip,” jawab Si Otong.

“Tah eta anu matak ngaganjel kana kahayang anjeun. Ditangali ku Mamang, anjeun saperti anu ngudag peunteun 9 hayang kapake ku dunungan. Lain kitu, Tong,” ceuk Mang Suadma.

“Ari kitu abdi kedah kenging penteun hiji kitu?” tanya Si Otong.

“Bisa jadi Tong. Buktina anjeun cek balarea lamun dipeunteun kinerjana ngahontal angka 9. Tapi endi penteun masarakat anu sakitu hade bisa nulungan sorangan? Apanan hanteu. Anu puguh anu peunteunna hiji anu kapake ku dunungan mah, bisa ngelehkeun anu peunteunna 9. Cik ayeuna mah jurusna dirobah, lamun  hayang jadi meunang kalungguhan atawa nyangkin jabatan angkana dibalik. Usahakeun kudu nyangking angka hiji, buktina  cek balarae   ukur peunten hiji, tapi kapilih unggah eselon atawa mutasi ka tempat  anu strategis. Lebah ceuk  jalma rea anu nyebut  angka 9 apanan jiga nu dibangbalerkeun. Numatak hayang jadi pejabat mah teu kudu boga nilai 9 tapi angka hiji ge geus hade da buktina rea nu kapake ku dunungan anu peunteun hiji, tibatan anu ngabogaan angka 9. Kitu lain Bro,  buktikeun geura ku andika…!” omong Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

Related Articles

Back to top button