Sabiwirhiji

Hayang Meunang Kalungguhan Kudu Saradak-suruduk ?

 

TUJUAN manusa nyiar kipayah (kahirupan) niatna tangtu beda-beda, aya nu kumaha bae carana sangkan meunang dunya saloba-lobana, ngincer kalungguhan (jabatan)  pikeun ngudag kasenangan, aya nu asal ngeureuyeuh, aya oge nu dumasar kana ibadah jeung rea-rea deui. Eta mah rek jadi pagawe naon bae, jaman kiwari mah sah-sah bae.

“Aya oge nu mibanda kompetensi tur gawena hade, tapi kahieuman bangkong bae, ceuk paribasana. Nu matak sok karunya sakapeung mah. Atuda rek untu-enta jabatan ka dunungan asa  teu kongang nyarita, duka da sok ngarasa heurin ku letah, cenah,” omong Mang Suadma.

“Leres pisan Mang eta teh, sanaos dijujurung atanapi kedah rekes (ngadugikeun permohonan) ka nu berwenang rea nu aralimeun. Seueur nu kitu teh Mang,” tembal Si Otong.

“Bener nyaneh Tong, rereana pagawe nu mibanda kompetensi jeung kinerjana hade mah sok marurungkut bae rek surudak-suruduk teh,” ceuk Mang Suadma.

“Saleresna lamun hoyong ised kalungguhan atanapi kacandak promosi,  mutasi atanapi aya lelang jabatan kedah gaduh kawani nya Mang? tanya Si Otong.

“Kawani kumaha? Ari nyarita teh asal heuay!” tembal Mang Suadma.

“Jeh… Mamang mah ari diwartosan teh. Buktosna ari nu wantun saradak-surudukna mah bari jeung daek muntang ngeumbing ka ditu ka dieu sapertos nu logor, ibarat ngadahar bubur lolos (bubur anu dijieun tina tipung didaharna ngageleser teu kudu digael),” tembal Si Otong.

“Nyaho teuing kaula mah teu apal kanu kararitu teh. Kahayang Mamang mah salaku rayat, nu hade gawena  tur mibanda kompetensi kudu  diperhatikeun tur diperenahna dina posisi anu  luyu jeung kabisana. Lian dipeuyeum atawa dikotakan,” walon Mang Suadma.

“Da ti kapungkur ge kitu, sacara normatipna mah, namung dina seuhseuhanana henteu sapertos kitu,” walon Si Otong.

“Heueuh nya asa kaingetkeun. Meh di unggal SKPD apanan aya pagawe unggulan, ngan anehna, eta pagawe nu mibanda kompetensi, kinerjana hade,  anehna lamun aya nu ngusulkeun sok dijawab can waktuna, ngora keneh, saha  Si Anu teh? jeng rea-rea deui jenuk uget. Aya kituna nya, ongkoh gawena hade budak teh, jiga nu  teu dipiwanoh malahan unggal aya mutasi, promosi sok kahieuman bangkong, ceuk paribasana.  Idealna pagawe model  kitu nu kudu diperhatikeun teh. Ulah api-api meungpeun carang, atawa teu katempo dihaja, tapi ari nu sok babadug jeung suradak-suruduk jiga nu babarieun. Naha lamun hayang meunang kalungguhan di lembur urang kudu saradak suruduk? Nyaho teuing lah, menit…!” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

 

 

 

 

Related Articles

Back to top button