Sabiwirhiji

Ngudag Gajih Gede Atawa Nyalametkeun Perusahaan?

 

 

SAHA jalmana nu embung jenuk duit, ngabadeg pakayana jeung seterusna. Ceuk dina basa kirata (dikira-kita tapi nyata), kangaranan jalma tacan jejel mah can sampurna. Aya kasebutna lamun nginum cai laut, tambah seubeuh beuki halabhab (haus). Tah kitu sipatna manusa teh, moal aya seubeuhna salagi tacan nyanghulu ngaler mah, sabab mun geus boga sadeupa hayang tilu deupa jeung saterusna.

Related Articles

“Maneh hayang beunghar Tong? Cik atuh kaditu ihtiar, sugan we  urang teh kaparengkeun jadi calon direktur,” ceuk Mang Suadma.

“Ke…ke…ke…jol-jol nawisan kedah ngiring daptar janten calon direktur? Asa teu ngimpi-ngimpi acan, teu gugur teu angin, abdi kedah janten calon direktur?” tanya Si Otong, kaget.

“Jeh…nyaneh mah ari aya peluang teh lain dimangpaatkeun, sugan we aya jurig tumpak kuda,” jawab Mang Suadma.

“Sararieun teuing, abdi saupamina kadongkapan jurig tumpak kuda. Mangga kanggo nu sanes bae,” jawab Si Otong, jiga nu ginggiapeun.

“Lain kitu Tong, andika mah kudu disundakeun bae ari ngomong teh kawas lain intelektual, jah… andika mah!” tembal Mang Saudma.

“Muhun abdi ngartos, maksa Mamang abdi kedah daptar ngiring seleksi janten calon direktur. Punten Mang, abdi mah sanes nampik kana eta inpormasi. Sawios janten jalmi biasa wae, margi upami janten direktur mah kedah dideudeul ku pasaratan husus,” walon Si Otong.

“Eta geuning ngarti maneh. Atuh nya heueuh, andika siap henteu?” Mang Suadma, malik nanya.

“Mangga bae, eta mah pikeun anu gaduh kompetensi husus. Komo upami direktur bidang tertentu, tangtos pasaratanana oge langkung spesipik,” ceuk Si Otong.

“Maneh mah sok keok memeh dipacok, apanan batur mah pating seregel hayang jadi direktur teh. Atuh gajihna gede, pasilitas leuwih ti cukup, tunjanganana matak muruy ciduh, lamun dijumlah-jamlehkeun beubeunangan sabulang tepi ka 100 juta perak. Naha teu matak kabita?” tanya Mang Suadma.

“Tibatan Mamang janten komandan koprek  salamina, kunaon teu ngiring daptar pikeun ngiring seleksi janten calon direktur. Komo upami pangasilanana sasasih dugi ka ngahontal saratus juta rupiah, kitu sanes?” Si Otong malikeun omongan.

“Sebenerna kaula ge sanggup ukur ngudag gajih anu sakitu gedena. Naon hesena jadi direktur teu kudu kunu pinter, Mamang ge siap lamun ukur  ngudag gajih gede bae mah. Ngan bae dipikiran deui, naha ukur ngudag gajih gede atawa siap nyalametkeun perusahaan?Sabab kangaranan nyalametkeun parusahaan jalmana kudu boga kaahlian  husus, pon kitu sartupikatna oge kudu spesialis. Ibarat nu gering (pasen) katarajang panyakit dalam, teu bisa ditangani  ku tukang koprek model Mamang. Lamun ngurus kaamanan lembur, Mamang bagianana, tapi kudu ngobatan nu gering mah lain sulap  da lain ahlina. Eta mah kumaha ceuk nu palalinter bae, naha udaganana ukur muru gajih gede, atawa rek nyalametkeun perusahaan? Ceuk istilah dina tipi mah, “Kami yang mengabarkan, pamirsa yang menyimpulkan!”, omong Mang Suadma, niru-niru gaya pembawa acara dina eta tv. (Kang Emsul)

 

 

 

 

 

 

 

Related Articles

Back to top button