Sabiwirhiji

Listrik Caang Ti Peuting, Karek Berita

 

 

NGADENGE prohram lembur caang baranang ku listrik jeung neon anu enyoy-enyoyan ti peuting teh naha tacan  rampung atawa can anggeus digaweanana? Ari dicanangkeunana mah enggeus cenah, tapi duka iraha anggeusna eta prohram teh. Muga-muga bae gancang rengse, ulah tepi kajadian keulat ku hama, bisi katepaan panyakit gagal caang. Anu rugi saha? Ah duka teuing da keur Mang Suadma mah unggal poe ge caang, teuing meunang nyolok ti tatangga oge.

“Kumaha nya Tong daerah urang geus kasasaban prohram caang ku lampu penerangan? tanya Mang Suadma.

“Da abdi mah ti kapungkur ge caraang, poek soteh di kebon awi margi sanes kawasan padumukan. Tangtos anu diprioritaskeun mah anu samasakali teu acan kasasaban penerangan listrik,” jawab Si Otong.

“Baruk eta prohram lembur caraang teh kudu geus ngawujud sababarahasabulan ka tukang. Lamun ayeuna aya keneh lembur anu paroek mongkleng hartinaprohram anu geus dicanangkeun teh gagal meureun nya Tong,” omong Mang Suadma.

“Manawi ari disebat gagal mah henteu, namung teu acan rampung,” jawab Si Otong, semu mangmilukeun ka Pimpro.

“Nya iraha rampungna? Lamun can rampung-rampung naon ngaranna?” tanya Mang Suadma.

“Atuh manawi gagal, Mang!” omong Si Otong, singget.

“Ari nyaneh, ngomong teh kumaha. Baruk lain gagal, can rampung. Ditanya iraha rampungna, baruk teh gagal. Nyaneh mah matak ngalieurkeun jalma ari ngomong teh,” jawab Mang Suadma.

“Duka atuh, Mang! nyarios sareng Mamang mah, matak bingung atuda abdi nyarios leres disebat lepat, komo upami abdi anu lepat,” omong Si Otong.

“Maksud kami mah, naon sabab eta prohram lembur caraang, tepi ka kiwari jenuk keneh daerah anu paroek?” tanya Mang Suadma,  panasaran.

“Atuh taroskeun ku Mamang ka pangangung nu aya di lembur, tangtos bakal aya waleran anu jinek (pasti),” tembal Si Otong.

“Atuda masing tatanya kadieu ka dieu oge jawabanana moal jauh, boa-boa dikensel heula sabagian keur ngawaragadan nu sejen. Sugan eta ge, teuing enya, duka bener,” ceuk Mang Suadma.

“Teu kaci atuh Mang, piraku anggaran parantos disahkeun tur aya rengkolna dugi ka geprakna tiasa geseh kitu, ah teu mungkin Mang,” tembal Si Otong.

“Nu matak ari ngarancang prohram teh kudu mateng, ulah keuna ku hama, mun pepelakan tea mah. Lamun prohram lembur caang ti peuting ngawujud, nah…eta karek disebut berita membangun. Najan kitu, Mamang mah teu weleh ngadoakeun, pamugi ulah katarajang gagal caang, sanajan ayeuna keur usum gagal oge. Jajauh-jajauh ka sabrang ka Palembang, geus kapuncuh karawu ku nu tiheula, ceuk paribasana,” omong Mang Suadma. (Kang Emsul)

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Related Articles

Back to top button