Sabiwirhiji

Prohram Caang ti Beurang Mah Teu Aneh, Bro…!

 

 

HARITA Mang Suadma keur budak keneh kaayaan di pilemburan teh poek mungkleng buta rajin. Hartina, tacan kasasaban ku tehnolohi penerangan anu diwangun ku nagara. Anu kasebut jalma beunghar lamun  imahna hayang  caraang, iwal ti jalma  nyeungeut lampu patromak. Da rereana  harita mah di unggal imah teh nyeungeut cempor atawa delepak, atawa nyeungeut lampu tempel alias lampu gamblok.

“Barudak alam kiwari mah moal arapaleun anu kasebut delepak, lantera, cempor, lampu gamblok jeung sabangsana. Malah lamun budak sakola keur ngapalkeun tipeuting bari tungkul maca buku, buukna sok karerab ku pucuk seuneu tina lampu semprong (lain kueh semprong). Kitu tah Tong, pangalaman Mamang baheula mah. Maneh kungsi ngalaman?” tanya Mang Suadma.

“Bujeng-bujeng Mang, mireng istilah delepak sareng cempor oge asa nembe kapireng ayeuna, margi abdi teu kungsi ngalaman sapertos Mamang harita,” jawab Si Otong.

“Heueuh da andika mah hirup di alam kiwari,  kaayaanana geus beda, hurung ragumang tepi ka  baranang ku lampu listrik jeung neon,” jawab Mang Suadma.

“Atuh kantenan, abdi mah lahir di alam milenial, benten sareng Mamang sesa alam kolonial,” tembal Si Otong, nyisiwoan ka kolot.

“Sik sia ngece ka kolot. Tapi najan kiwari sawatara lokasi geus baranang ku neon anu enyoy-enyoyan, geuning di lembur anu salingkur, sawatara desa anu jauh ka kota, rea keneh anu can kasasaban penerangan listrik. Da ari di kota mah geus karuhan teu kudu dicaritakeun, lebah urang lembur anu jauh ka perkotaan aya keneh anu tacan menikmati baranangna lampu neon atawa lampu anu ngempray tina listrik,” ceuk Mang Suadma.

“Mamang teu kedah hariwang, kahoyong rahayat  lemburna caraang tangtos parantos diprogramkeun. Isuk jaganing geto lembur urang bakal caang baranang sakumaha kahoyonng Mamang,” jawab Si Otong.

“Waduk lah, ari ngomong jeung aing teh ulah sok dianggap tembok. Kaula ge ngadenge ayeua keur ngalaksanakeun prohram lembur caang, teuing caangna ti beurang duka keur tengah poe moreretan. Tapi kaula mah anu teu bodo-bodo acan prohram lembur caang ti beurang mah teu aneh, bro…!  komo bari jeung diuar-uar hayang kaalem. Ari prohram lembur caang ti beurang mah kersaning Gusti Nu Maha Suci. Serahkeun bae ka panon poe, masing teu dibejakeun ge da pasti bakal caang ti beurang mah. Kadongdora lamun eta prohram geus nyaangan lembur ti peuting sajagat gorombyangan, teu dibeja-bejakeun oge pasti bakal rea nu ngabewarakeun. Caang ti  peuting ge can walatra, geus diuwar-uwar, pedah naha…!” omong Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

 

Related Articles

Back to top button