Sabiwirhiji

Jadi Pagawe Rek Ngabakti Atawa Ngabati?

 

 

RAS inget ka kolot urang baheula lamun mepende budakna, boh dina geongan atawa dina aisan sok dibarengan ku kakawihan. Kawih anu digalindengkeun ku kolot urang harita saking asikna ngahariring,  budak anu keur diayun ambing tepi ka reupna sare tibra. Kurang leuwih basana teh kieu;  nelengnengkung-nelengnengkung, geura gede geura jangkung, geura sakola ka Bandung keur makayakeun indung…!

“Kolot baheula mah papatahan ka budak teh estuning matak nyeredet kana hate tur sumerebah kana bayah. Sakumaha wasiat kolot ka budakna, kahade ujang, nyai, anaking, adi-ing lamun isuk jagabing geto ujang/nyai jadi pangagung kudu ngaji ngabakti ka ieu nagri, kumawula ka nagara, ngebela nusa jeung bangsa!” ceuk Mang Suadma, niron-niron ucapan kolot baheula.

“Aduh… Mang, eta papatah kacida nyerepna tur lenyepaneun kanggo urang sadaya. Ayeuna mah asa arang langka anu wasiat sapertos kitu teh,” omong  Si Otong.

“Heueuh…, atuda ayeuna mah jaman materialistis, anu disebut jalma sukses teh anu luhur kuta gede dunya, loba duit, beuncir leuit, bro dijuru bro dipanto bari jeung ngalayah di tengah imah babah, ceuk kasarna,” jawab Mang Suadma.

“Muhun Mang, harepan jalmi alam kiwari sapertos kitu, benten sareng para sepuh urang kapungkur, Mang,” walon Si Otong.

“Ceuk uing ge ayeuna mah jaman piduit alias materialistis, sagalana diukur ku duit jeung diduitkeun. Jauh tanah kalangit jeung pamadegan jalma baheula lamun mepelingan ka anak atawa incuna teh estuning matak nancleb kana ati sanubari,” ceuk Mang Suadma.

“Punten Mang, diantawisana pepeling karuhun urang kapungkur sapertos kumaha deui?” Si Otong malik nanya bangun panasaran.

“Yeuh Tong, aki  maneh baheula, lamun nyaritaan budakna kacida ati-atina. peupeujeuh cenah, ari jalma teh kudu pinuh ku pangaweruh, jembar ku pangabisa tur sugih ku pangarti sangkan hirup urang tambah nanjung. Padahal kolot urang baheula teu sakola luhur ieuh, tapi wasiat kana urusan moral dinomer hijikeun, numatak budakna enggoning hirupna estu ngabakti demi kamajuan nagri,” ceuk Mang Suadma.

“Numawi Mang, abdi mah sok manghariwangkeun upami sepuh-sepuh urang tos teu araya nya bade saha deui anu bade  masihan pepeling demi kasalametan diri, kulawargi katut balarea?” tanya Si Otong.

“Tah geuning maneh ge ngarti, kulantaran kolot urang tos teu araya, anak incuna  nu jadi pagawe nagri boh luar nagri sakapeung sok salah tapsir. Sakuduna ngaji ngabakti ka  nagri, geuningan robah jadi ngudag-ngudag bae bati. Padahal urang dipercaya ku nagara (jadi pagawe atawa pejabat) teh, saestuna pikeun ngabdi. Najan pajaman geus robah, tapi urang  kudu boga pamadegan anu pengkuh. Naha jadi pejabat teh rek ngabakti atawa ngabati? Lamun ukur rek ngabati alias kekedewek, rek kumaha majuna ieu lembur teh. Atuda bongan salah larap, antukna tina  ngabakti jadi ngabati, jah…!” ceuk Mang Suadma. (Kang Emsul)

 

 

 

 

Related Articles

Back to top button