Sabiwirhiji

Ganti Visi Ganti Kasangsaraan, Jaaah…!

 

 

NALUNGTIK visi jeung misi di unggal kubupaten/kota nu aya di sakuliah jagat, estu pagaya-gaya. Basana direka-reka supaya endah, dipapayus sangkan alus tur dipapantes sangkan lemes jeung saterusna. Malum di unggal lembur oge jenuk ahli basa, ahli sastra anu purah ngaruka-reka basa jeung  kalimah sangkan kadengena leuwih merenah, ngan bae antukna asa nujah kana manah.

“Ayeuna mah di unggal lembur baroga pisi jeung misi pagaya-gaya. Eta teh kumaha maksudna nya Tong?” tanya Mang Suadma.

“Manawi kanggo dijantenkeun ugeran pikeun ngudag tujuan hirup ka hareup luyu  sareng program pangwangunan nu aya di eta lembur, Mang,” jawab Si Otong.

“Heueuh da, nya Tong. Baheula mah hirup di pilemburan teu ngadenge pidato visi teu ngadenge bewara misi, rarasaan teh asa tengtrem ayem, ulin ka leuweung matak ludeung, indit ka kota teu sieun balukarna. Ayeuna mah nu aya teh  inggis ku bisi, rempan ku beja, nu aya iwal ti melang tur hariwang. Padahal di unggal lembur sapanjang jalan pisi jeung misina dibeberkeun harebat, tapi aneh teu bisa ngajamin kana  katenangan hirup luyu jeung harepan rahayat, heran ka mah?” tanya Mang Suadma.

“Atuh manawi jamanna tos robih, margi ari kapungkur mah aya kasebatna, jaman tai kotok dilebuan, Mang!” jawab Si Otong.

“Sik…! Geuning nyaneh nyalahkeun ka jaman, masing ayeuna jaman moderen atawa jaman tehnolohi canggih oge gumantung ka manusa anu ngokolakeun eta tehnolohi. Sabab ari tehnolohi mah netral, teu mihak kaditu kadieu, tapi saha bae nu milampahna, naha rek dibawa kana mangpaat atawa madarat gumantung ka manusa nu milampahna,” jawab Mang Suadma.

“Abdi hapunten Mang, teu pisan-pisan, mangga urang sami-sami ngabebenah lembur matuh dayeuh karang pamidangan, urang dumasar kana pisi jeung misi enggoning ngahontal karaharjaan kanggo sakumna rahayat nu aya di ieu lembur,” walon Si Otong.

“Tah geuning andika ngarti,  lain ukur nyalahkeun tehnolohi jeung pajamanan, tapi urangna anu kudu wijaksana enggoning nyorang alam kamajuan anu sakieu komplekna. Da beheula ge anu teu loba teuing tiori, budak hayang pinter ukur dibere pangajaran calistung (maca nulis jeung ngitung) geuningan palalinter budak sakola harita. Lain ulah aya pisi jeung misi di lembur urang, ngan kudu rajin ngaepaluasina. Ulah ukur ceblur, mun pepelakan tea mah kudu  diropea mun henteu, bisa paeh ku mamaneh. Mamang yakin, lamun pisi misi lembur urang salawasna dievaluasi geus tepi kamana karasana eta visi misi keur sakumna rahayat. Lamun aya nu ngiritik kudu ditarima keur bahan kajian ka hareup. Lain ukur pinter nyieun atawa gunta-ganti pisi jeung misi, ahirna  ganti kasangsaraan. Lain ukur gagal bayar anu ngabalukarkeun gejedna pamarentahan, kaasup  gagal visi jeung misi bisa nimbulkeun gagalna kahirupan, ganti visi ulah jadi ganti kasangsaraan. Ceuk urang wetan tea mah, jaaah… anjogna mah kana pulitik-pulitik keneh, cenah, dhoh…!” omong Mang Suadma.(Kang Emsul)

 

Related Articles

Back to top button