Sabiwirhiji

Naon Tujuan Jadi Pejabat, Pamer Ka Rayat?

 

SAHA jalmana nu embung jadi pejabat atawa nyekel kalungguhan anu kawilang stratehis. Komo mun kaparengkeun jadi pangagung anu teu weleh diugung-ugung, jigana teh moal rek embung. Hartina ngabadeg keneh nu harothot tibatan anu malen (teu minat), tetela kana urusan haliah dunya mah arang langka nu teu doyan (beuki), iwal ti hayam nu teu beuki duit mah. Umumna manusa hayang loba duit, buncir leuit, rea ketan, rea keton, hirup salieuk breh jeung saterusna. Kagila-gila teuing…bro!

“Ari urusan dunya mah moal aya tungtungna, nya Tong? Geus boga sadeupa hayang 3 deupa, geus boga mobil hiji hayang dua, jeung saterusna. Jigana salagi tacan nyanghulu ngaler mah moal aya seubeuhna!” ceuk Mang Suadma.

“Atuda namina ge haliah dunya, teu sepuh, teu anom, sami bae. Malihan tambah sepuh kalah ka tambah sarakah, sanes ge tobat ka Pangeran. Peupeuriheun harita keur ngora sagala teu kabujeng nya Mang? Atuh ayeuna waktosna tobat!” ceuk Si Otong.

“Nya heueuh atuh, andika ulah ukur nyarita, tapi buktikeun dina kahirupan sapopoe. Komo anjeun mah leutik-leutik ge boga eselon, ulah sok selon. Sugan isuk jaganing geto kaparengkeun nyangking kalungguhan empuk tur baseuh deuih, moal kaget,”  omong Mang Suadma.

“Leres pisan Mang, abdi sok kabita upami ningali rerencangan nempatan posisi anu stratehis. Duka kumaha eta teh, nu sanes mah jiga nu gampileun pisan nyangking eselon luhur teh,” walon Si Otong.

“Shobar…shobar, Tong, sagala oge aya waktuna. Sabab manusa teh parahi mawa milik rejeki masing-masing, sabab aya nu nangtukeun kana kahirupan urang sapopoe. Numatak ulah sok rea teuing pikiran, da iraha-iraha ge anjeun bakal kasampean,” tembal Mang Suadma, itung-itung ngubaran hate Si Otong.

“Oh kitu nya Mang? Tanya Si Otong.

“Nya heueuh! Sabab kangaranan jodo, pati, bagja jeung cilaka, anging kersaning Nu Maha Kawasa. Urang mah darma ihtiar, nu nangtukeun mah anging Alloh Swt. Teu kudu galider. Jeungna deui naon tujuan urang jadi pejabat teh? Naha rek nyaah ka rayat, atawa sabalikna, ukur ngabibita jeung mamerkeun pangaboga ka hareupeun rayat? Nu matak rea pejabat tikosewang kana jungkrang kahinaan boa-boa niatanana geus teu campleng. Naha cita-citana rek memperkaya diri, ngeruk duit anu lain hakna, gagaridus jeung saterusna anu ahirna poho kana tujuan hirup nu sabenerna. Ari jabatan teh rek dibawa kumaha oge  bisa, ngan resikona, lamun tujuan jadi pejabat ukur ngudag haliah dunya, ngalajur napsu ngumbar amarah, tunggul digabrug catang dirumpak eta mah kari nanggung akibatna, nyeri peurih bakal kapanggih, lara wirang bakal kasorang. Naudzubillahimindzalik!. Tapi lamun udaganana kumawula ka nagara, ngabela nusa jeung bangsa, lain kumawula ka perorangan, Insya Alloh, hirupna eta pejabat bakal tinemu jeung kabagjaan dunya wal ahiroh. Jigana moal pati euweuh pejabat hirupna anu medah-meduh, hanas tatangga nu aya disabudeureunana aya keneh ku kutap-ketap hase neangan dahareun. Jah…ngahuntu, Bro…!” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul) 


 

 

Related Articles

Back to top button