Sabiwirhiji

Abdi Negara Ulah Jadi Nagara Abdi

AYA kasebutna  pagawe teh kaom  terhormat, sabab sagala rupana teu weleh jadi enteung balarea. Malahan sok dijadikeun panutan sajeroning hirup kumbuh di masarakat. Numatak lamun diistrenan atawa diangkat jadi pagawe sok disumpah atawa macakeun pakta integritas sangkan gawena bener kalawan bisa mere mangpaat keur masarakat. Nu matak kudu ati-ati, ulah  abong kena keur jeneng atawa nyekel kakawasaan kalakuanana jiga nu mangpang-meungpeung, komo lamun dibarung ku tindakan sawenang-wenang mah matak nimbulkeun balai keur dirina. Kahade ulah lalawora bisa keulat sumpah, bahaya!

“Dumasar pangalaman nu sejen, kangaranan jalma keulat sumpah euweuh pitambaeunana, sabab urusanana lain ukur jeung papada kaula, tapi   jeung Nu Maha Kawasa. Kitu lain nya Tong?” tanya Mang Suadma.

“Muhun Mang, abdi mah sok palalaur upami emut kadinya teh. Rumaos abdi sanaos alit-alit oge janten pagawe. Numawi bilih abdi keuna ku owah gingsir enggoning ngalaksanakeun tugas nagara, eta mah wayahna ka Mamang, abdi panggeuingkeun. Bilih abdi mengpar tina ugeran, omat panggeuingkeun, tibatan diucah-aceh dina medsos!” walon Si Otong.

Related Articles

“Waduk lah, ayeuna bisa ngomong kitu soteh, pedah can kataekan kalungguhan. Lebah geus nyangking jabatan mah,  komo lamun boga jabatan anu strategis jeung nyekel kakawasaan, apanan mun aya nu mere kamandang (masukan) sok salah tarima. Komo mun aya nu ngiritik, dianggapna pasalia paham (bersebrangan), apanan kurang hade boga pasipatan model  kitu teh. Kuduna lamun aya nu mere kamandang, urang kudu ngahaturkeun nuhun. Boa-boa anu ditepikeun ku eta jalma teh pihadeeun demi kasalametan urang,” tembal Mang Suadma, panjang lebar.

“Leres nya Mang, ulah abong kena nuju nyepeng kalungguhan sareng kakawasaan. Margi ari jalmi mah teu salamina aya dina bebener. Kalan-kalan ari nuju hilap mah, seueur keneh luput sareng lepatna. Insya Alloh, abdi mah upami kaparengkeun janten pejabat bade satekah polah bade ngingkahan  anu pidursilaeun,” walon Si Otong.

“Tah kitu, entong enggke geus jadi pejabat, najan ayeuna  aya dina posisi jabatan rendah  tetep kudu geus diniatan hade, rek  ajeg tur panceg dina jalan anu dipikaridho ku manten-Na,” ceuk Mang Suadma.

“Aamiin, Mang. Pidoana bae, mugi sapanuhun Mamang dikobul ku Alloh Swt,” omong Si Otong.

“Insya Alloh, sabab ari pagawe teh aya kasebutna abdi negara sakumaha anu sok digembar-gemporkeun dina pidato. Hartina kudu kumawula ka nagara demi ngabela nusa jeung bangsa. Tapi nya kitu, kangaranan manusa sok aya bae ngagaleongna. Mimitina nyangking predikat abdi negara, ujug-ujug jadi nagara abdi. Hartina, lamun kaeuntreupan sipat nagara abdi, sakabeh pangeusi ieu lembur asa bogana sorangan, kumaha ceuk aing, teu transparan, asa pangbenerna, pangkawasana jeung sajabana. Kahade ulah tepi kajadian, akibat napsu anu matak kaduhung, badan anu katempuhan, ceuk kolot tea mah!” omong Mang Suadma.(Kang Emsul)  


 

 

Related Articles

Back to top button