Sabiwirhiji

Hayang Meunang Penghargaan Kudu Milampah Sabalikna

NAJAN di lembur batur sarua katarajang gagal bayar, tapi cenah jeung baruk, aya nugeus kalunasan jeung menta tempo. Ngan aya beja di salahsahiji daerah anu katarajang gagal bayar tepi ka kiwari angger ngayayay, teu anggeus-anggeus Ka mah. Atuda kabayar nu itu, puncunghul aya keneh nu nagih ieu, nu naragih itu, angger murubul. Atuh wayahna sing sobar, Bro,  da keur diusahakeun. Sugan kaula teh cicing bae, apanan uteuk sakieu ngebulna keur nyumponan kahayang aranjeun teh, ceuk gerentes hate anu rek mayaranana, meureun.

“Tenang Ka, satiap persoalan pasti aya jalan kaluarna, teuing iraha-irahana kaluarna mah,” ceuk Mang Suadma.

“Mamang nyarios naon eta teh? Kahade ulah seueur emutan, nu penting aya milikna, tebih  balaina tur parek rejekina kanggo urang sadaya. Kitu manawi nya Mang?” tanya Si Otong.

“Nya heueuh atuh, eukeur mah babatok (sirah) keur menit katurug-turug pada ngagugujeg kunu naragih, kandi poharana lamun teu kana saditueun ti menit,” tembal Mang Suadma.

“Kunaon Mamang teh sapertos nu ngabela kana persoalanan gagal bayar sagala, nu kedah diemutan mah perkawis  koprek kanggo ngajagi kaaman lembur,” walon Si Otong.

“Kumaha rek bisa koprekna, malah loba nu nganjuk alatan ngabadeg  pagawe anu can cair itu inih-na. Lain kaula mikiran gagal bayar da lain jalurna, tapi karasa kana buruhan koprek oge. Anu ahirna ngabalukarkeun Mamang Gagal Koprek,” tembal Mang Suadma.

“Oh …eta anu dimaksad ku Mamang teh, duka atuh ari kitu mah. Nya wayahna bae ka Mamang ulah seueur teuing emutan. Margi anu gagal koprek sanes Mamang bae, tangtos seueur oge  anu teu acan nampi bayaran koprek,” omong Si Otong, ngarerema.

“Teuing atuh ari kitu buktina mah, tapi nya kitu, Tong. Apanan sakieu  jenuk kabutuhna, barudak rek neruskeun sakola anu kudu dipersiapkeun ti kiwari.Hususna keur nu baroga anak rek neruskeun sakola, Mamang onaman taya kabeurat hirup da geus puguh iwal ti ladang koprek. Nyatu jeung dage oge jalan, najan seuseut meueusan,” omong Mang Suadma.

“Ari kanggo abdi mah, bade tuang sangu karo uyah oge teu masalah. Namung anu janten emutan, abdi kapapancenan taun ieu kedah ngaraeh penghargaan dina bagbagan kauangan. Geuningan, katedunan, ayeuna lembur urang kenging penghargaan dina widang tartib kauangan,” tembal Si Otong.

“Heh…Tong, kabodoan teh ulah beakeun ku kusorangan. Ti bareto ge Mamang geus nyarita, sual gagal bayar, ceuk Mang Jono tea mah, taya patula-patina jeung pabaliutna urusan keuangan. Malahan lamun hayang meunang penghargaan, kudu milampah pagawean sabalikna. Upamana bae, lamun di lembur ngabadeg nu gering, pasti bakal meunang predikat kabopaten sehat, jenuk koperasi anu bangkut tangtu anu kacangking piala kabopaten koperasi, rayat teu kabual meuli beas disebut surplus (leuwihan) beas rebuan ton, jenuk siswa dropout atawa teu kabedag neruskeun sakola disebut kabopaten pendidikan, patani nyatu kejo raskin meunang penghargaan kabopaten tartib raskin (harita), pon kitu deui gagal bayar meunang predikat…naon tah?” tanya Mang Suadma, saditueun ti menit.(Kang Emsul)

 

 

 

Related Articles

Back to top button