Sabiwirhiji

Nyungsung Ka Pangagung Sangkan Karir Beuki Nanjung ?

DI unggal kelompok ge sok aya bae anu katelah anak emas teh, komo di lingkungan perkantoran mah kaciri pisan. Anak emas teh naha pedah gawena hade pikeun ngayonan kahayang dunungan, atawa jenuk pamerena luyu jeung kahayang bos. Jigana moal jauh ti eta anu katelah anak emas mah, beda deui jeung anak lain emas. Najan gawena hade oge can karuhan disebut alus da nu diteanganana ukur kasalahanana bae, kitu lamun  lain ka anak emas mah. Sasapaan teuing…!

“Andika anak emas saha nya Tong? Apanan andika oge boga kapinteran jeung kaparigelan (keterampilan) dina bidang tertentu. Kitu lain?” tanya Mang Suadma, panasaran.

“Ah… da abdi mah ti kapungkur ge biasa-biasa bae ka dunungan nu mana oge, dawuhna damel nya damel anu hade. Bade naon deui atuh, saur sepuh  urang kedah nyeueurkeun ibadah ku cara naon bae anu  tiasa masihan mangpaat kanggo kamaslahatan umat kalawan salamet dunya rawuh aherat,” ceuk  Si Otong, daria (serius).

“Tah …heueuh kitu kahayang Mamang mah, hirup teh ulah asal beuteung eusian tur jenuk duit sangkan pada ngahormatan. Peupeujeuh andika teh masih keneh bahan ka kahareup kudu ati-ati,” walon Mang Suadma.

“Leres pisan Mang, numawi abdi mah teu kalebet anak emas ku dunungan oge teu sapertos nu sanes tiasa lumat-lamotna. Abdi sanes teu tiasa milampah kalakuan sapertos kitu, margi hate asa henteu merean tur  konsekuensina kedah tiasa nyungsung ka eta pangagung,” walon Si Otong.

“Ari andika nyarita, baruk teh nyungsung ka pangagung sangkan karir urang beuki nanjung? Masing pangkat/golongan luhur ge   ari ladang ngalacurkeun idealis mah sarua jeung hitut, lantaran papada meunang kepercayaan ladang tina lumat-lamot. Lain tina prestasi jeung inopasi anu bisa mere kamangpaatan keur balarea, eta mah lain prinsip pagawe anu bener,” ceuk Mang Suadma.

“Atuda kumaha Mang, manawi jamanna nuju sapertos kieu upama hoyong kaanggo kunu dibendo,” ceuk Si Otong.

“Andika ulah nurutan tur kabawa kunu sakaba-kaba, masing kiwari keur jaman lieur ulah kabawa menit. Sugan rayat  teu nganilai ka anjeun, endi pagawe nu bener, endi pagawe nu loga uget. Ngan anehna aya keneh pingpinan lamun geus bogoh ka hiji jalma naja ceuk balare lakulampahna goreng patut tetep disebut hade bae. Malah dina aya kasalahanana oge sok dibelaan mati-matian, jiga nu malik teu tarima lamun anak emasna aya nu ngaheuneu-heuneu teh. Beda jeung ka anak buah anu pamadeganana teu sapagodos (padahal ceuk balarea hade tur bener) tapi lamun geus diawalanku teu resep antukna  goreng wesalilana ka eta pagawe, najan bener da embung ngaku kana bebenerna,” ceuk Mang Suadma.(Kang Emsul)

Related Articles

Back to top button