Sabiwirhiji

Balas Tunda Bayar Asa Paleupeur Keneh

SAKIEU keur pahibut ku gagal bayar tug ka tunda bayar anu ahirna bisa kabayar najan aya nu can poldan, aya oge anu nguar-nguar rek aya mutasi. Kagila-gila teuing, sugan geus kabelet hayang pindah  ta naha, tenang bae atuh Bro…! Iraha-iraha ge mutasi atawa rotasi mah pasti aya  sabab aya sababaraha jabatan anu kosong. Meureunan eta kakosongan jabatan teh kudu dieusian ku cara  mutasi atawa promosi tea.

“Naha bener rek aya mutasi teh nya Tong? Kedengena  meh unggal poe nu nyaritakeun mutasi teh. Jiga aya nu tajam hayang geuwat  mutasi, bener atawa enya eta teh nya Tong?” tanya Mang Suadma.

“Manawi atuh, Mang. Kanggo abdi mah bade mutasi atuh mangga, dina henteuna teu langkung nu gaduh kawenangan. Margi kanggo abdi mah bade aya rotasi atanapi promosi jabatan taya pangaruhna kana padamelan sadidinten. Nu penting abdi mah didamel nu hade kalawan  tiasa masihan pelayanan prima ka sakumna rahayat,” jawab Si Otong.

“Alus andika, nu penting gawe bae nu bener. Ulah karasak-kurusuk nyieun manuper hayang nyangking kalungguhan (jabatan) anu katenjona baseuh. Sugan rayat ge teu nganiley ka pejabat model kitu teh, tapi duka ketang, ari milik jalma mah kawilang ghoib. Aya kalana anu teu disangka-sangka ujug-ujug cle bae nyangking kalungguhananu lain pakeunana. Lebah anu dijagokeun ku balarea tur luyu jeung kahayang umum, kalah ka dibebeskeun, nya pedah naha?” tanya Mang Suadma, heran.

“Ah duka atuh, Mamang gaduh kamandang (pendapat) sapertos kitu  tebih teuing, sanes bagian abdi, margi moal kauteukan. Saupamina aya kajantenan sapertos kitu mah biasana nu aya patula patalina sareng urusan politik atanapi jalan belakang tea, oge tiasa jalan dapur,” omong Si Otong, semu blak-blakan.

“Geuning sinarieun andika nyarita kitu, kaharti ku Mamang oge,  komo mun nyaritana sasama beus kota meureunan saditueun ti kitu,” tembal Mang Suadma.

“Duka atuh, abdi mah teu tiasa ngawaler patarosan Mamang nu langkung jero, margi heurin ku letah tea,” jawab Si Otong.

“Heueuh nya Tong, kumaha pangrasana lamun enya tea aya nu nguar-nguar rek aya mutasi bulan ieu. Apanan ari ngeusi jabatan eselon II mah dumasar aturan kiwari kudu open biding. Apanan ari open biding teh ti mimiti ngararancang tepi ka geprakna meakeun waragad jeung waktu mangbulan-bulan. Nu matak asa pamohalan saupamana bulan ieu rek ngangkat pejabat eselon dua erek ge meureunan ukur pergeseran jabatan, teuing iraha da tepi ka kiwari ge can aya sen ti dunungan rek mutasi teh. Ceuk petinggi BKD tea mah, bororaah mikiran mutasi, ngurusanan APBD ge asa menit, balas gagal bayar jeung tunda bayar tea. Balas tunda bayar ge  asa paleupeur keneh, boro-boro mikiran mutasi jeung promosi, komo open biding mah,” omong Mang Suadma. (Kang Emsul)

Related Articles

Back to top button