Sabiwirhiji

Tunda Bayar Geus Kabayar Angger Diporostel

GARA-gara gagal bayar unggah kana tunda bayar teu sirikna jadi kacapangan sabiwir hiji (piral kamenda-mendi). Nu tadina teu arapaleun antukna ngabadeg nu arapaleun. Malah urang basisir laut kidul ge rea nu arapaleun ku ayana tunda bayar di lembur urang teh. Nya meureun, kangaranan omong leuwih harus dibatan goong. Komo kangaranan beja mah sok jadi delan (gede di jalan), omongan sajeungkal bisa  manjangan jadi sadeupa.

“Naha aya nu apaleun pasualan gagal bayar di lembur urang teh, nya Tong?” tanya Mang Suadma.

“Atuh kantenan, sanes arapaleun-arapaleun deui, malihan ditueun ti arapaleun, Mang!” jawab Si Otong.

“Alangkara teuing, nyaho ti saha? Apanan eta mah urang luar kabopaten, sok asa piraku apal kana urusan gagal bayar, tunda bayar tur can aya nu kabayar di lembura urang,” tembal Mang Suadma.

“Ari Mamang teh kumaha, apanan ayeuna usum tehnolohi komunikasi, sagala rupi kajantenan nu aya dimana bae, tangtos bakal cepet sumebar ngaliwatan eta alat komunikasi,” walon Si Otong.

“Heueuh nya Tong, Mamang can nepi kadinya. Abong Mamang mah kurung batok, ngotokowo bae dienggon, teu apal kana kaayaan dunya luar. Nu apal teh jadwal koprek bae, warga saha anu can kabagian mondok di joglo (saung ronda) peuting ayeuna. Malum Tong,” ceuk Mang Suadma.

“Ari kitu kumaha Mamang naroskeun tunda bayar sagala, kumaha maksadna?” Si Otong malik nanya.

“Pedah we dipilemburan jenuk nu nyaritakeun gagal bayar atawa tunda bayar, Mamang mah ukur ngadedengekeun bari jeung ngagoongan,” omong Mang Suadma.

“Oh … kitu, Mamang teu kedah turut campur kana eta masalah, margi teu apal tea mimitina,” walon Si Otong.

“Apal teu apal oge sakirana eta pasualan matak ngamenitkeun rahayat alatan tunda bayar, Mamang sok geregeteun. Naon sababna bisana kajadian gagal bayar? Apanan kahirupan oge diatur ku aturan nagara, komo urusan pemarentahan mah geus aya aturanana anu baku sangkan bener ngajalankeunana, teu kudu aya istilah gagal bayar. Tetela, najan gagal bayar geus kabayar sabagian, tapi pihak lembaga tetep masualkeun. Malahan, tina tunda bayar, najan ayeuna geus kabayar oge, angger diporostel ku nu boga wewenang dina urusan ngokolakeun duit. Sugan cukup ukur mayaran sabeulah, apanan jenuk keneh nu can katutup, numatak najan tunda  bayar sabagian geus dibayar, tapi angger para pihak masih keneh keukeuh peuteukeuh masualkeun (mempersoalkan)  masalah tunda bayar. Salagi tacan poldan 100 persen jigana nu morostel (mempertanyakan) tunda bayar moal waka eureun, malah bakal jadi bola salju. Lamun angger can kabayarkeun kabeh bakal ngabalukarkeun masalah anyar, antukna lain ukur nguruskeun tunda bayar, bisa jadi bakal ngageser kana urusan pilihan. Ceuk urang wetan tea mah, jaaah….. anjogna mah kana pulitik-pulitik keneh, cenah … dhoh…!” omong Mang Suadma, panjang lebar.(Kang Emsul) 

Related Articles

Back to top button